Bahan UAS (XI) Sekar Aosan Kembang Panineungan

Bisa jadi hidep mah moal aya nu apal, kungsi maca mah komo kana buku sekar aosan téh. Kawantu buku heubeul. Medal munggaran taun 1973, citakan pamungkas taun 1979. Disusun ku Insani, sigana sandiasma, lain ngaran asli, diterbitkeun ku Penerbit Taraté Bandung.

Eusina kumpulan karangan pondok, dilengkepan ku pupuh, sajak, jeung sisindiran. Diajengkeun keur murid-murid sakola dasar (SD), témana lolobana pieunteungeun jeung picontoeun. Tegesna réa ngandung atikan budi pangarti. Lian ti éta ngahudang kanyaah ka lemah cai katut sarakan. Baca jembarna »

Bahan UAS Kelas X (Kumpulan Link)

Bahan UAS Wangkongan : Leutak Panas (X)

Leutak Panas

Tatang Suhérman Kuring mah karunya ka urang Sidoarjo.
Agung Soléhudin Euh .. soal lumpur panas téa?
Tatang Suhérman Lain lumpur atuh ari basa Sunda mah. Tapi, leutak. Leutak panas. Kacipta upama urang nu ngarandapan. Gara-gara goréng gawé batur, imah, kebon, sawah, jadi korban leutak panas. Pasti sedihna. Banjir onaman leuheung, biasana cai wungkul jeung tara nepi ka bubulanan.
Agus Solehudin Geuning Tatang gé nyebut banjir, lain caah?
Tatang Suhérman Da banjir mah geus jadi basa Sunda.
Tikeu Gustini Naha tatang nyebutkeun gara-gara goréng gawé batur? Apal kitu kumaha mimitina.
Tatang Suherman Nya apal atuh, da uing mah terus nuturkeun beritana. Boh tina Koran, majalah, atawa televisi.
Agus Solehudin Ari berita basa sunda kitu? Lain warta basa sundanamah?
Tatang Suhérman Edas siganamah neuteuli yeuh, batur téh. Bener basa Sunda mah warta. Tapi, kumaha atuh da geus ngeunah warta deui nyebut berita téh. Hampura baé.
Tikeu Gustini Heup atuh, ulah masualkeun soal basa, abdi mah hayang apal kumaha mimitina kajadian lumangsung. Pangpangna naha ku tatang disebut gara-gara goréng gawé nu séjén.
Tatang Suhérman Enya, apan gara-gara kasalahan PT Lapindo Brantas waktu ngebor taneuh keur ngalirkeun gas. Kawas nu keur ngebor jang sumur kompa, migawéna kurang ati-ati. Aya katangtuan téhnis anu teu dilaksanakeun. Nya éta henteu buru-buru masang casing. Casing téh panutup sisi-sisi pipah, pikeun ngahalangan taneuh jeung leutak. Akibatna si mata bor téh kakubur. Kajadian saterusna, leutak panas kaluar henteu ngaliwatan pipah. Jadina mancawura ka mana-mana. Mangkaning puluhan malah ratusan rébu kubik.

Sumber : Pamager Basa Hal 166
Baca jembarna »

Bahan UAS Tarjamahan (X)

Jakarta – Gembong teroris Noordin M Top memang sudah tewas. Tetapi ternyata pengikutnya terus menyebarkan pahamnya. Kali ini mereka memanfaatkan situs jejaring sosial facebook.

Pantauan detikcom, Senin (17/5/2010), judul ceramah itu berjudul ‘Hebatnya Jihad ! Ceramah Asy Syahid Abo Mo’awwidz Noordin M Top’. Isi rekaman yang diunggah sejumlah orang itu berdurasi 19 menit. Salah satu yang menampilkan dalam laman facebooknya yakni seseorang ber-id Abu Mush’ab Azzarqawi. Baca jembarna »

Bahan UAS Sem 2 (X) : Lini jeung Tsunami di Pangandaran

Lini rongkah, disambut tsunami nyerang daerah pakidulan Pangandaran, Parigi, Cijulang, Masawah jeung Legokjawa. Ratusan imah jeung wangunan séjénna ancur. Rebuan warga kapaksa ngarungsi ka tempat-tempat nu luhur. Bisa dipastikeun, korban nu maot wungkul jumlahna ratusan urang.

Nurutkeun sababaraha saksi, kajadianana dimimitian ku ayana lini sababaraha kali. Munggaran kira-kira pukul satengah lima soré tadi, Senén 10 Juli 2006. Lini kahiji henteu pati gedé, ngan oyagna bumi henteu pati lila tina biasana. Terus sababaraha kali, saban dua atawa tilu menit, saméméh datang lini anu leuwih gedé. Baca jembarna »

Pasanggriri Basa Sunda Tingkat Wilayah 2010 (Depok, Bogor, Sukabumi, Cianjur)

Dinten Minggu kaping 23 Mei 2010, Pasanggiri Basa Sunda tingkat wilayah (Depok, Sukabumi, Cianjur, Bogor) resmi dibuka. Eta pasanggiri téh tétéla eyeub ku para patandang ti masing-masing daérahna. Dua hotél anu janten tempat lumangsungna éta kagiatan nya éta hotél Perdana Cipanas sareng Hotel Delaga Biru di wewengkon Cianjur Cipanas. Baca jembarna »

Palangeran Ejaan Basa Sunda

Waktu kuring nungtut elmu di Fakultas Sastra Unpad Jatinangor, kungsi meunang mata kuliah Bahasa Indonesia 4 Sks. Tetela eta matakuliah teh estuning penting pikeun maham cara ngagunakeun Basa Indonesia anu saluyu jeung aturan. Nu kumaha atuh nu saluyu jeung aturan teh? Gampang pisan sabenernamah, aturan dina basa Indonesia anu bener ayana dina buku Ejaan Yang Disempurnakan. Dina buku eta diterangkeun sagala hal ngeunaan aturan bahasa Indonesia.

Tah kumaha atuh lamun dina basa sunda, naha aya aturan saperti nu aya dina basa Indonesia. Tangtuna aya, aturan eta bisa ditingali dini buku Palangeran Basa Sunda, anu diterbitkeun ki Jurusan Basa jeung Sastra Sunda FPBS IKIP Bandung. Tetela buku eta teh mere aturan ngeunaan sagala hal dina basa sunda, meh saperti nu aya dini buku Ejaan Yang Disempurnakan.

Di handap ieu sababaraha hal anu dibahas dina buku Palangeran Basa Sunda. Baca jembarna »

Kecap Panghubung dina Basa Sunda

Perhatikeun kalimah di handap ieu:

(1) Doni hayang meuli tas tapi teu bogaeun duit.

(2) Budi indit ka sakola sanajan keur gering.

Dua kalimah di luhur ngarana kalimah majemuk. Kalimah majemuk téh kalimah anu diwangun ku dua klausa atawa leuwih. Cobi perhatikeun kalimah (1).

Doni hayang meuli tas tapi teu bogaeun duit. Baca jembarna »

Maca Carpon Sunda

Carpon nyaéta carita anu disusun dina wangun prosa naratif fiktif.
Carpon umumna eusina leuwih padet jeung biasana langsung kana tujuanana.
Dina sajarahna carpon asalna tina tradisi lisan. Tradisi lisan anu biasana sok ditepikeun ku cara omongan langsung dina kasusastraan sunda osok disebut oge dongéng.

Berita Basa Sunda