Linguistik

Linguistik atawa elmu basa ngarupakeun hiji disiplin élmu anu boga tempat penting dina kahirupan manusa. Naon sababna? Sababna urang salawasna ngagunakeun bahasa pikeun ngalakukeun komunikasi jeung jelema lianna.
Pon kitu deui dina basa Sunda. Sanajan Basa Sunda lain basa Nasional, tapi bahasa Sunda téh dipake ku rahayat sunda anu jumlahna saeutik. Ku kituna élmu bahasa atawa linguistik anu ngarupakeun élmu nu universal diharepkeun dipikanyaho ku masarakat sunda dina tujuanana pikeun kamajuan basa Sunda sorangan.
Panulis di dieu lain salaku linguis atawa ahli bahasa, tapi panulis boga kasadaran lamun heg urang sunda bisa ngagunakeun, maham, jeung apal luar jeung eusina kana eta basa tangtuna urang saréréa teu perlu hariwang yén basa Sunda téh bisa punah.
Dina kaca ieu panulis bakal saeutik ngaguar linguistik dina basa Sunda. Ngan penulis ogé nétélakeun, yén tulisan ieu lain tulisan ilmiah anu puguh teorina. Panulis ngan saukur nuliskeun naon anu panulis nyaho.

Dina tataran élmu linguistik aya sababara widang sub disiplin élmu saperti di handap ieu.

  1. Fonologi atawa élmu ngenaan sora basa.
  2. Morfologi nyaéta élmu ngeunaan morfem (rupa).
  3. Sintaksis nyéta émlu ngeunaan kalimah.
  4. Analisis Wacana nyéta élmu anu nganalisis hubungan-hubungan antar usur dina hiji wacana.

Opat widang disiplin élmu di luhur téh salawasna ngarupakeun dasar pikeun maham élmu basa. Ka hareupna kuring bakal ngabahas hiji-hiji opat widang di luhur pikeun dibahas leuwih jéntré deui.

Baca ogé:

PELESAPAN SUBJEK PADA KALIMAT NASKAH BERITA TELEVISI BERBAHASA SUNDA

2 Balesan

  1. Ass! Kang naha materi linguistik mung ieu wungkul?

Kantunkeun Balesan