Home > Kelas XI > POE KABUDAYAAN BASA INDUNG

POE KABUDAYAAN BASA INDUNG

Anisa Ketua OSIS SMA Parung Jaya, kapapancénan pikeun mingpin rapat. Jalanna rapat téh kieu:

Annisa             :    “Assamu’alaikum warohmatullohiwabarokatuh, Bapa Dadang sinareng Ibu Mila nu ku sim kuring dipihormat. Atuh réngréngan pangurus OSIS SMA Parung Jaya, nu sami-sami ku sim kuring dipikareueus, sateuacanaan rapat ieu Dikawitan mangga urang sami-sami maos ‘Basmallah’. Bismillahirohmanirohim. Tah kumaha upami urang ngupingkeun heula, kasauran ti Pembina OSIS. Mangga ka Bapa Dadang atanapi ka Ibu Karmila dihaturanan!”

Assalamualaikum warohmatullohiwabarokatuh, Bapa Dadang beserta Ibu mila yang saya hormati. Juga jajaran pengurus OSIS SMA Parung jaya yang sama-sama saya banggakan, sebelum rapat ini kita mulai mari kita bersama-sama membacakan Basmalallah. Bismillahirohnmanikrohom. Nah bagaimana jika kita mendengarkan dahuru sambutan dari Pembina OSIS. Sialakan kepada Bapak Dadang atau Ibu Karmila dipersilahkan.

Pa Dadang      : “Hatur nuhun ka Anisa salaku Ketua OSIS di ieu sakola, Bapa ngarasa reueus réhna hidep sadayana gaduh maksad kanggo miéling Poé Kabudayaan Basa Indung. Tah barudak kaleresan minggu payun téh, nincak dina dinten Rebo urang sadunya miéling basa indung. Tah saméméh rapat ieu dimitembeyan, kumaha upama urang ngarencanakeun heula acara naon-naon waé engkéna nu bakal dilakonan téh? Naha ku hidep sadayana tos dibadantenkeun?”

“Terima kasih kepada Anisa sebagai ketua OSIS di sekolah ini. Bapa merasa bangga karena kamu semua memiliki maksud untuk memperingati hari kebudayaan bahasa Ibu. Nah anak-anak kebetulan minggu depan, menginjak pada hari rabu kita sedunia memperingati bahasa Ibu. Nah sebelum rapat ini dilanjutkan. Bagaimana jikalau kita merencanakan acara apa saja yang nantinya akan dikerjakan? Apakah kalian semua sudah bicarakan?

Anisa               : “Hatur nuhun ka Ibu Sonya, acara miéling Poé Kabudayaan Basa Indung dirarancang, tah engké acarana ku sadérék Karlina badé diterangkeun, kitu tah manawi Bapa miwah Ibu satuju. Atuh mangga ka sadérék Karlina dihaturanan!”

“Terima kasih kepada Pa Dadang, acata memperingati hari kebudayaan bahasa Ibu dirancang, nan nanti acaranya oleh saudara Karlina akan diterangkan, begitu jikalau bapa dan ibu berkenan. Karena itu silakan kepada saudara Karlina dipersilahkan

Karlina             : “Hatur nuhun ka sadérék Anisa, salaku pupuhu dina ieu rapat. Ibu miwah Bapa Pembina OSIS, nu ku sim kuring dipihormat, manawi kamanah acara kanggo engké téh, di antawisna: Lomba Biantara dina Basa Sunda sareng Lomba Maca Sajak Sunda. Kawitna mah badé ditambihan ku nyerat carita pondok, namung waktosna samporét pisan.”

Terima kasih kepada saudara anisa, sebagai ketua pada rapat ini. Ibu beserta bapa Pembina OSISs, yang saya hormati, jikalau disetujui acata untuk nanti, di antaranya Lomba Biantara Bahasa Sunda, dan lomba membaca sajak sunda. Awalnya akan ditambah dengan menulis cerita pendek, namun waktunya sangat sempit.

Wawan            : “Hapunten sadérék Lina sim kuring motong cariosan. Aya nu badé ditaroskeun, naon tah nu dimaksad ku waktos nu samporét téh kumaha?”

Terima kasih kepada saudara Lina saya memotong pembicaraan., Ada yang ingin saya tanyakan. Apa yang dimaksud dengan waktu yang singkat ?

Karlina             : “Hapunten ka sadayana, tadi cariosan sim kuring téh kapotong ku sadérék Wawan. Waktosna samporét téh tangtos da jarakna ti rapat ayeuna kana waktosna mung saminggu. Tangtos jarakna pondok pisan, kitu panginten Sadérék Wawan. Kumaha cekap?”

Maaf kepada semuanya, tadi pembicaraan saya telah terpotong oleh saudara wawan. Waktunya sangat sempit itu tentu saja karena dari jaraknya rapat sekarang pada waktu kegiatan hanya seminggu. Tentu saja jaraknya pendek sekali, begitu mungkin saudara wawan, bagaimana, cukup?

Wawan            : “Cekap, hatur nuhun!”

Cukup terima kasih

Anisa               :  “Mangga saha deui bilih aya nu badé tumaros, nyawad, atanapi masihan bongbolongan, supados ieu acara dina waktosna suksés sareng nyugemakeun. Mangga dihaturanan!”

Silakan siapa lagi yang akan bertanya, menyanggah, atau memberikan saran agar acara ini pada waktunya sukses dan memuaskan.

Yusuf               : “Patarosan sim kuring, naha ieu lomba téh kanggo kelas sabaraha waé?”

Pertanyaan dari saya, lomba ini untuk kelas berapa saja?

Anisa               ; “Oh, ieu perlombaan téh kanggo sakumna siswa SMA Parung Jaya, ti kawit kelas X dugi ka kelas XII, kitu tah Sadérék Yusuf! Kinten-kinten saha deui nu badé mairan?”

Oh perlombaan ini untuk semua siswa SMA Parung Jaya, dari mulai kelas X sampai dengan kelas XII, begitu saudara Yusuf! Kira-kira siapa lagi yang akan menjawab.

Bu Karmila      : “Barudak sigana mah ngeunaan acara-acara pikeun miéling Poé Kabudayaan Basa Indung téh ku sadayana tos kagambar. Tapi naha para panitiana tos dibentuk, ieu téh?”

Anak-anak sepertinya mengenai acara-acara untuk memperingati hari kebudayaan bahasa Ibu oleh semuanya sudah tergambar. Tapi apakah kepanitiaan sudah dibentuk?

Anisa               : “Sementawis mah parantos, Bu! Namung supados langkung apdol kumaha upami urang bentuk deui wé panitiana, kanggo langkung ngasakeun, kumaha nu sanésna sapuk?”

Sementara sudah, Bu! Namun agar lebih pasti bagaimana jika kita bentuk lagi kepanitiaan, agar lebih menegaskan, bagaimana semuanya, setuju?

Nu rapat (méh bareng) : “Sapuk!!!”

Setuju

Pa Dadang      : “Tapi saran ti Bapa mah dina nangtukeun para panitia téh ulah asal-asalan. Kedah ditingali tina rasa katanggungjawabanana sareng kadaékna. Nepi ka ieu acara téh bisa bener-bener nyugemakeun ka saréréa? Naha aya nu badé tumaros deui?”

Tapi saran dari Bapa dalam menentikan para panitia jangan hanya asal-asalan. Harus dilihat dari rasa tanggungjawabnya dan kemauannya. Sampai acara ini bisa benar-benar menggembirakan semuanya? Apakah akan ada yang bertanya lagi?

Ibu Sonya        : “Ké ari perkara waragadna ku hidep tos diarémutan?”

Kalau mengenai biaya oleh kalian sudah diingatkan?

Pa Dadang      : “Ibu, upami perkawis waragad mah aya sumbangan ti unggal kelas sareng ti Déwan Sakola. Janten teu kedah hamham kana waragad mah!”

Ibu, jikalau mengenai biasa ada sumbangan dari setiap kelas dan dari dewan sekolah. Jadi tidak harus khawatir pada biaya.

Ibu Sonya        : “Nya sukur Alhmdulillah atuh upami kitu mah!”

Ya sukur alhamdulilah kalau begitu.

Anisa               : “Ih, geuning teu karaos waktos téh meni nyérélék pisan. Upami teu aya deui nu tumaros mah kumaha upami ieu rapat téh urang tutup waé. Kumaha pamendak Ibu sinareng Bapa?”

Ibu + Bapa (méh sareng) : “Mangga atuh Anisa, tutup wé ieu rapat téh!”

Ternyata tidak terasa waktu sudah beranjak. Jikalau tidakada yang bertanya lagi bagaimana jikalau rapat ini kita tutup saja. Bagaimana pendapat ibu dan bapak?

Silakan Annisa tutup saja rapat ini

Anisa               : “Kumargi tos teu aya deui nu peryogi ku urang dipadungdengkeun deui, ku sim kuring ieu rapat téh badé dicindekkeun, nyaéta dina miéling poé kamerdékaan téh badé direuah-reuah ku Lomba Biantara dina Basa Sunda sareng Lomba Maca Sajak Sunda. Atuh ieu rapat téh ku sim kuring baris ditutup ku bacaan ‘Hamdallah’. Alhamdulillahirobbil’alamin. Amiiin. Ya Alloh, ya robbal ‘alamin”.

Wasalamu’alaikum Wr. Wb.

Karena sudah tidak ada yang perlu kita perdebatkan lagi, rapat ini akan disimpulkan, yaitu ketika memperingati hari kemerdekaan akan dimeriahkan oleh lomba biantara dalam bahasa sunda dan lomba membaca sajak sunda. Karena itu rapat ini oleh saya akan ditutup dengan bacaab alhamdulilah hirobilalamin. Amin. Ya alloh ya robbal alamin.

Nu rarapat       :  “Wa’alaikumsalam Wr. Wb.

Wasalamualaikum Wr.Wb

Categories: Kelas XI Tags:
  1. No comments yet.
  1. No trackbacks yet.