Home > info > Jerman Remuk ku Spanyol

Jerman Remuk ku Spanyol

Jerman anu samemehna jadi unggulan jadi juara di Piala Dunya ayeuna, tadi peuting remuk ku Spanyol. Philip Lahm jeung pasukana teu bisa nahan gempuran jerman anu terus-terusan ngurung pertahanan Jerman. Stratehi serangan balik anu samemehna ampuh ngelehkeun Inggris jeung Argentina, pas ngalawan Spayolmah teu bisa hasil.

Umpan-umpan pondok anu jadi ciri khas Spanyol bisa ngagecek pertahanan jerman. Kacatet sababaraha peluang bisa dihasilkeun. Gol Spanyol dicitak ku Charles Puyol dina menit ka 70-an. Ngamangpaatkeun sepakan kornol ti Xavi Hernandes. Puyol bisa ngaheden bola nepi ga hasil ngabobol kiper jerman.

Paul Dukun Gurita

Aya nu aheng samemeh tandingna Jerman jeung Spanyol. Hiji tukang ramal atawa dukun ramal ngan lain manusa hehe…. milih Spanyol salaku nu meunang. Dukun ieu ngarana Paul, Ngan tong salah, ulah nganggap dukun ramal ieu jelema, dukun ramal ieu mah nyaeta Gurita anu sok biasa dijadikeun tukang ramal samemeh pertandingan lumangsung.

Tetela ramalan Si Paul teh bener, nyatana memang Spanyol anu meunangkeun pertandingan. Hebat oge nyak si Paul teh. Lamun aya di Indonesia mah meureun bisa titah ngaramal pertandingan Persib jeung Persija engke hehe….

Categories: info Tags: ,
  1. No comments yet.
  1. No trackbacks yet.