Italy Oge Sarua Euy…
Har naha rarasaan ayeunamah loba pisan tim unggulan anu matak nguciwakeun para bobotoh. Aya nu ngalaman hasil imbang, malahmah aya oge anu nepi keun ka eleh ku tim anu teu diunggulkeun. Salah sahiji anu panganyarna nyeta tadi peuting Italy ditahan imbang ku tim ecek-ecek New Zeland. Naon pangna disebut ecek-ecek, nya atuh tetela new zeland mah kakara milu piala dunya na oge. Bari jeung jauh tangeh lamun dibandingkeun jeung Italy mah. Urang kabeh pada abal Italy mah dina widang maen bal geus kakoncara kamana-mana. Malahan apan manehna teh Juara Bertahan piala dunya. Ngingetkeun deui anu juara dina piala dunya taun 2006 (Jerman) nyaeta Italy.
Dina pertandingan anu lumangsung tadi peuting teh Italy tinggaleun 1-0. Bisa ngabales oge ku jalanan meunang hadiah pinalti. Sanggeus bek New Zeland metot kaos salah sahiji Striker Italy. Mun teu salah mah Roberto Gilardino. Ceuk kuring mah gilardino teh memang dibetot kaosna tapi lamun ditilik-tilik deui asa rada bobohongan tiguling na teh. Khas pisan lamun pamaen Italy dina ngalakukeun “diving” na. Geus rada terkenal etateh.
Teuing negara mana deui anu bakal hanjelu alatan hasil anu goreng dina ieu piala dunya teh. Bisa jadi loba tim unggulan anu teu bisa l0los tina babak penyisihan. Urang tungguan wae.
bahasanya keren……………………………………..