Jabulani Jadi Sabiwir Hiji
Bal resmi piala dunya di Afrika Selatan teh ngarana Jabulani. Ngaran Jabulani sorangan asalna tina basa Afrika anu hartina “ngarerea” atawa “mawa kasenangan”. Saluyu jeung dilumangsukeuna eta piala dunya unsur afrika kentel pisan dina eta bal. Aya carita anu ngabalukarkeun bal jabulani ieu jadi sabiwir hiji dina eta turnamen.
Jabulani loba dikritik ku para pamaen jeung pelatih piala dunya di Afsel. Bal ieu teh tetelah pohara hampangna, nepi ka loba kiper anu teu bisa nebak arah bal ieu. Sababaraha kiper diantrana kiper Inggris, Jepang, jeung Ajajair kungsi salah nebak arah bal, anu ngabalukarkeun bobolna gul marenehanana.Pelatih Inggris Fabio Capelo malahmah negeskeun yen Jabulani mangrukeun bal nu panggorengna salila manehna jadi pelatih. Wah piraku atuh nyak. Rada panasaran, hayu urang tungguan saha korban ti Jabulani ka hareupna.
Pairan