Serbia Nalukeun Jerman 1-0
Hiji deui tim ungglan eleh di puteran kahiji piala dunya Afrika Selatan. Sanggeus Spanyol anu eleh ku Swis jeung Perancis anu eleh ku Meksiko. Bieu pisan Jerman anu saacanna diunggulekeun pisan eleh ku Serbia 1-0.
Pertandingan teh sabenernamah didominasi ku Jerman. Sanajan Jerman ngan maen 10 urang, sabab Klose dikartu merah, tapi Jerman nguasaan pertandingan.
Gol Serbia dicitak ku Milan Jovanovic dina menit ka 37′. Ngan sababaraha menit sanggeus Klose dikartu merah. Konci meunangna seriba teh teu lain ti sabab rapetna pertahanan anu digalang ku Vidic jeung Ivanovic. Urang kabeh apal apan Vidic mangrupakeun salah sahiji pamaen tukan MU jeung Ivanovic mangrupakeun salah sahiji bek andelan Chealse.
Kamanangan ieu beuki, nambahan persaingan Grup D. Jerman masih keneh mingpin lantaran meunang selisih gol. Tapi posisina can aman. Sanan lawan panungtungana nyaeta Ghana oge tim anu alus. Wah beuki rame wae yeuh piala dunya teh nyak………………..
Pairan