Home > Kelas X > Bahan UAS Wangkongan : Leutak Panas (X)

Bahan UAS Wangkongan : Leutak Panas (X)

Leutak Panas

Tatang Suhérman Kuring mah karunya ka urang Sidoarjo.
Agung Soléhudin Euh .. soal lumpur panas téa?
Tatang Suhérman Lain lumpur atuh ari basa Sunda mah. Tapi, leutak. Leutak panas. Kacipta upama urang nu ngarandapan. Gara-gara goréng gawé batur, imah, kebon, sawah, jadi korban leutak panas. Pasti sedihna. Banjir onaman leuheung, biasana cai wungkul jeung tara nepi ka bubulanan.
Agus Solehudin Geuning Tatang gé nyebut banjir, lain caah?
Tatang Suhérman Da banjir mah geus jadi basa Sunda.
Tikeu Gustini Naha tatang nyebutkeun gara-gara goréng gawé batur? Apal kitu kumaha mimitina.
Tatang Suherman Nya apal atuh, da uing mah terus nuturkeun beritana. Boh tina Koran, majalah, atawa televisi.
Agus Solehudin Ari berita basa sunda kitu? Lain warta basa sundanamah?
Tatang Suhérman Edas siganamah neuteuli yeuh, batur téh. Bener basa Sunda mah warta. Tapi, kumaha atuh da geus ngeunah warta deui nyebut berita téh. Hampura baé.
Tikeu Gustini Heup atuh, ulah masualkeun soal basa, abdi mah hayang apal kumaha mimitina kajadian lumangsung. Pangpangna naha ku tatang disebut gara-gara goréng gawé nu séjén.
Tatang Suhérman Enya, apan gara-gara kasalahan PT Lapindo Brantas waktu ngebor taneuh keur ngalirkeun gas. Kawas nu keur ngebor jang sumur kompa, migawéna kurang ati-ati. Aya katangtuan téhnis anu teu dilaksanakeun. Nya éta henteu buru-buru masang casing. Casing téh panutup sisi-sisi pipah, pikeun ngahalangan taneuh jeung leutak. Akibatna si mata bor téh kakubur. Kajadian saterusna, leutak panas kaluar henteu ngaliwatan pipah. Jadina mancawura ka mana-mana. Mangkaning puluhan malah ratusan rébu kubik.

Sumber : Pamager Basa Hal 166

Kamus Alit

Kuring : saya

Karunya : kasian

Leutak : lumpur

Kacipta : dapat dibayangkan

Upama : jika

Goreng gawe : kesalahan

Imah : rumah

Kebon : kebun

Leuheung : mendingan

Onaman : namun (kt penghubung)

Cai = air

Wungkul : hanya

Bubulanan : berbulan-bulan

Caah : banjir

Mimitina : awal mulanya

Nuturkeun : mengikuti

Neuteuli : dendam

Kumaha : bagaimana

Nyebut : menyebut

Heup : stop

Ulah : jangan

Pangpangna : sebabnya

Migawena : mengerjakannya

Katangtuan : ketentuan

Pikeun : untuk

Ngahalangan : mengalami

Kakubur : terkubur

Saterusna : selanjutnya

Ngaliwatan : melewati

Mancawura : berhamburan

Categories: Kelas X Tags: