Home > Kelas X > Bahan UAS Sem 2 (X) : Lini jeung Tsunami di Pangandaran

Bahan UAS Sem 2 (X) : Lini jeung Tsunami di Pangandaran

Lini rongkah, disambut tsunami nyerang daerah pakidulan Pangandaran, Parigi, Cijulang, Masawah jeung Legokjawa. Ratusan imah jeung wangunan séjénna ancur. Rebuan warga kapaksa ngarungsi ka tempat-tempat nu luhur. Bisa dipastikeun, korban nu maot wungkul jumlahna ratusan urang.

Nurutkeun sababaraha saksi, kajadianana dimimitian ku ayana lini sababaraha kali. Munggaran kira-kira pukul satengah lima soré tadi, Senén 10 Juli 2006. Lini kahiji henteu pati gedé, ngan oyagna bumi henteu pati lila tina biasana. Terus sababaraha kali, saban dua atawa tilu menit, saméméh datang lini anu leuwih gedé.

Waktu masarakat ribut kalaluar, cai laut ujug-ujug nyaatan. Teu kungsi lilah cai laut siga ngajangkungan. Warna biru ngadingding disambung ku sora tarik ngageleger. Sakilat cai laut narajang ka darat. Naon waé nu kadupak, lamun teu kabawa palid, ancur sarta rata jeung tanah.

Di antara daérah-daérah nu jadi korban, Pangandaran pangrongkahna. Puluhan hotél rata jeung tanah. Imah-imah warga alancur. Katerangan séjénna nu bisa dikumpulkeun, sanajan henteu kawas di pangandaran, korban teu kurang réana kaalaman ku warga basisir Parigi, Masawah, Jeung, Legokjawa.

Sedengkeun di daerah Cijulang, ukur sababaraha wangunan nu ruksak. Di antarana Hotél Cijulang Permai. Ku sabab teu jauh ti sisi laut, kaayaana ruksak pisan. Tapi taya korban jelema.

Bupati Ciamis, Engkon Komara, keur aya di perjalanan, muru tempat kajadian. Waktu dikontak Bupati nyebutkeun, pihakna langsung ngirimkeun rupa-rupa bantuan. Utamana simbut, ténda, beas, jeung kaperluan darurat séjénna. Dipiharep peuting ieu keneh, éta bantuan geus datang ka tempat kajadian.

Sumber : Pamager Basa Hal 144

Kamus Alit
Lini = gempa
Rongkah = sangat besar
Kidul = Selatan
Imah = rumah
Wangunan = bangunan
Luhur = tinggi
Maot = meninggal
Wungkul = saja
Nurutkeun = menurut
Dimimitian = dimulai
Munggaran = pertama kali
Oyagna = getaran
Lila = lama
Saban = setiap
ujug-ujug = tiba-tiba
Teu kungsi lila = tidak lama
Ngajangkungan = meninggi
Ngadingding = terlihat tinggi dan tebal sekelilingnya
Tarik = keras
Sakilat = sekejap
Narajang = menerjang
Pangrongkahna = paling besar/parah
Alancur = hancur hancur
Kawas = seperti
Ruksak = rusak
Muru = menuju
Peuting = malam

Categories: Kelas X Tags: , ,