Home > info > Pasanggriri Basa Sunda Tingkat Wilayah 2010 (Depok, Bogor, Sukabumi, Cianjur)

Pasanggriri Basa Sunda Tingkat Wilayah 2010 (Depok, Bogor, Sukabumi, Cianjur)

Dinten Minggu kaping 23 Mei 2010, Pasanggiri Basa Sunda tingkat wilayah (Depok, Sukabumi, Cianjur, Bogor) resmi dibuka. Eta pasanggiri téh tétéla eyeub ku para patandang ti masing-masing daérahna. Dua hotél anu janten tempat lumangsungna éta kagiatan nya éta hotél Perdana Cipanas sareng Hotel Delaga Biru di wewengkon Cianjur Cipanas.

Sim kuring anu kaleresan janten official ti Kota Depok khususna dina widang Ngarang ngaraos bingah ku ayana ieu kagiatan. Reueus wiréh ningali sumangat ti sadaya patandang salami ieu.  Genep urang patandang dina widang ngarang ti Kota Depok téh nyaéta

  1. Saptia Rini Ahandiyah Nurpeni (SDN Beji 5 Depok)
  2. Ryan Prasetya (SDN Beji 7 Depok)
  3. Vivi Juliana Hustin (SMPN 1 Depok)
  4. Piter Cahyadi Simareme (SMPN 3 Depok)
  5. Garnis Geani (SMAN 1 Depok)
  6. Zulfi Prayogo (SMAN 2 Depok)

Aranjeuna teh mangrupa pinunjul dina kagiatan pasanggiri ngarang di Kota Depok. Enjing tadi, Senén 24 Mei 2010 tabuh 08.00 pasanggiri ngarang téh dikawitan.

Sadayana sim kuring yakin tos ngaluarkeun sadaya kamampuhna dina pasanggiri éta. Anu dipiharep sadayana pamilon ngarang ti Kota Depok téh janten pinunjul dina pangumuman anu baris didugikeun engkeé wengi.

Tapi anu langkung penting sareng langkung utami dina ieu kagiatan téh sanes ngan saukur hasil janten pinunjul. Namung, teu aya sanes iwal ti proses diajar salami ieu anu tos sering dilakukeun ku sim kuring sareng sadayana para patandang tadi. Juara 1 atanapi henteu tos sanes harepan anu utama, nanging abdi pribadi tos ngaraos bingah tiasa ngabingbing ayi-ayi anu pohara sumangetna nalika diajar ngarang éta.

Ngabingbing ngarang ieu nembé munggaran dilakukeun ku sim kuring. Aya murangkalih SD, SMP, sareng SMA. Leres-lereng ngarupakeun pangalaman anu berharga. Ningali Ryan sareng Saptia Rini dina nyerat dina basa Sunda aya kereteg dina haté, bet asa hoyong ogé nyobian ngawulang murangkalih salian ti SMA. Sabab dugi ka danget ieu sim kuring nembé gaduh pangalaman ngawulang Basa Sunda di SMA.

Sakali deui, naon waé hasilna ngalangkungan tulisan ieu Sim Kuring ngahaturkeun nuhun ka para patandang anu genepan tadi. Mugia kagiatan ieu teh tiasa masihan mangpaat kanggo urang sadayana. Khusus kanggo Cep Ryan, sim kurinh moal hilap nalika anjeun anu paling gé yuswana nembé 10 taunan naros ka sim kuring ku cara polos. “Pak kalau salah boleh dicoret gak (dengan wajah yang lugu sambil tersenyum).” Kepuasan batin pikeun sim kuring nalika sareng ayi-ayi sadayana. Hatur nuhun.

Cipanas, 24 April 2010

Categories: info Tags:
  1. Vivi juliana
    May 25th, 2010 at 14:34 | #1

    Saya sedih+terharu pak bacanya..hiks hiks hiks(sambil mengeluarkan air mata). . .

  2. Dyah
    June 10th, 2010 at 17:22 | #2

    Kok gak ada sayanya? :(

  1. No trackbacks yet.