Palangeran Ejaan Basa Sunda
Waktu kuring nungtut elmu di Fakultas Sastra Unpad Jatinangor, kungsi meunang mata kuliah Bahasa Indonesia 4 Sks. Tetela eta matakuliah teh estuning penting pikeun maham cara ngagunakeun Basa Indonesia anu saluyu jeung aturan. Nu kumaha atuh nu saluyu jeung aturan teh? Gampang pisan sabenernamah, aturan dina basa Indonesia anu bener ayana dina buku Ejaan Yang Disempurnakan. Dina buku eta diterangkeun sagala hal ngeunaan aturan bahasa Indonesia.
Tah kumaha atuh lamun dina basa sunda, naha aya aturan saperti nu aya dina basa Indonesia. Tangtuna aya, aturan eta bisa ditingali dini buku Palangeran Basa Sunda, anu diterbitkeun ki Jurusan Basa jeung Sastra Sunda FPBS IKIP Bandung. Tetela buku eta teh mere aturan ngeunaan sagala hal dina basa sunda, meh saperti nu aya dini buku Ejaan Yang Disempurnakan.
Di handap ieu sababaraha hal anu dibahas dina buku Palangeran Basa Sunda.
I. Makena Aksara
A. Abjad
B. Vokal
C. Kongsonan
E. Engang
II. Nuliskeun Aksara
A. Aksara Gede
B. Aksara Condong
III. Nuliskeun Kecap
A. Kecap Asal
B. Kecap Turunan
C. Kecap Rajekan
D. Kecap Kantetan
E. Kecap Sulur
F. Kecap Pangantet
G. Angka jeung Lambang Bilangan
IV. Cara Nulis Unsur Serepan
V. Tanda Baca
A. Tanda Titik (.)
B. Tanda Koma (,)
C. Tanda Titik Koma (;)
D. Tanda Titik Dua (:)
E. Tanda Geret (-)
F. Tanda Pisah (-)
G. Tanda Elipsis (…)
H. Tanda Tanya (?)
I. Tanda Panyeluk (!)
J. Tanda Kurung ( (…))
K. Tanda Kurung Siku ([])
L. Tanda Kekenteng (“…”)
M. Tanda Kekenteng Tunggal (‘…’)
N. Tanda Gurat Condong (/)
O. Tanda Panyingket (Apostrof) (‘)
Pairan