Kecap Panghubung dina Basa Sunda
Perhatikeun kalimah di handap ieu:
(1) Doni hayang meuli tas tapi teu bogaeun duit.
(2) Budi indit ka sakola sanajan keur gering.
Dua kalimah di luhur ngarana kalimah majemuk. Kalimah majemuk téh kalimah anu diwangun ku dua klausa atawa leuwih. Cobi perhatikeun kalimah (1).
Doni hayang meuli tas tapi teu bogaeun duit.
Kalimah di luhur diwangun ku dua klausa, nyaéta
(1 a) Doni hayang meuli
(1 b) teu bogaeun duit
Dua klausa di luhur dihubungkeun ngagunakeun kecap panghubung tapi. Tah naha atuh kudu maké kecap panghubung sagala. Fungsina kecap panghubung teh pikeun ngahijikeun dua klausa méh jadi hiji kasatuan makna. Makna kalimah diluhur téh nyaéta makna pertentangan. Dodi hayang meuli tas, ngan hanjakal dodi téh teu bogaeun duit.
Tah ayeuna cobi perhatikeun kalimah nu kadua.
(2) Budi indit ka sakola sanajan keur gering.
Kalimah di luhur téh (2) diwangun ku dua klausa.
(2 a) Budi indit ka sakola.
(2 b) keur gering.
Dua klausa di luhur téh dihubungkeun ku kecap panghubung sanajan. Bédana jeung kelimah nu kahiji nyaéta kalimah nu kadua klausana bisa ditukeurkeun.
Budi indit ka sakola sanajan keur gering.
Sanajan keur gering, Budi indit ka sakola.
Kok kalimah kadua mah bisa ditukeurkeun klausana, béda jeung kalimah kahiji anu teu bisa ditukeurkeun.
Tapi teu bogaeun duit Doni hayang meuli tas.
Nah étatéh ku sabab klausa-klausa dina kalimah kahiji mah mangrupakeun klausa anu sadarajat. Ku sabab kitu ogé sok disebat kalimah majemuk setara. Benten sareng kalimah anu kadua, klausa-klausana teu sadarajat, sabab aya anak kalimah jeung inding kalimah. Ku kituna disebat kalimah majemuk bertingkat.
Budi indit ka sakola sanajan keur gering.
Budi indit ka sakola = indung kalimah
Sanajan keur gering = anak kalimah
Anak kalimah teh mangrupakeun perluasan tina salah sahiji fungsi dina indung kalimah. Khusus keur kalimah di luhur anak kalimahna mangupakeun perluasan tina fungsi keterangan.
bisa diajar basa
sunda didiyeu yeh