Kinanti : Lagu Dina Tungtung Waktu
Lagu Dina Tungtung Waktu
Ku : Dédy Windyagiri
pileuleuyan tungtung imut (8-u)
mustari nitih ka wanci (8-i)
pukak kapegat ku mangsa (8-a)
kasapih ku titis tulis (8-i)
paturay ngulangkeun gupay (8-a)
patebih raga jasmani (8-i)
tilas palawung kagandrung
nyacapkeun nu kapiati
jaga mah kantun waasna
ditilar asa kaletir
longkéwah badan nyorangan
dikantun bati prihatin
lisan haréwos pangjurung
mindingan jeritan ati
nyawang nu bakal kasorang
ahir-ahir nasib diri
ngoléang lir langlayangan
kapakan katebak angin
biheung taun biheung windu
urang sasarengan deui
boa kahalangan kadar
takdir mastikeun lastari
ajal mulangkeun ka asal
mulih ka jati ngajadi
pileuleuyan tungtun lagu
hariring tawis kaéling
haleuang tilam kamelang
mungkas panghareupan wening
sanaos duka iraha
mugi pareng tepang deui
Rumpaka di luhur téh kaasup kana puisi sunda. Puisi anu kauger ku aturan poko guru lagu sareng guru wilangan. Geura sok ku hidep titenan sakur padalisan na ngabogaan guru lagu jeung guru wilangan anu matok.
Conto:
pi-leu-leu-yan tung-tung i-mut (8-u)
Dangding di luhur kaasupna kana dangding/pupuh kinanti. Anu kauger ku guru lagu jeung guru wilangan 8-u,8-i,8-a,8-i,8-a,8-1. Beda deui lamun aturan Asamarandana, Dangdanggula, atawa nu lain.
Pairan