Novy Permata Sari
Kahatur Dina
di
Bandung
Assalamualaikum wr. wb
Kumaha damang? Abdi jeung kaluarga Alhamdulillah boh lahir, boh batin dina kaayaan séhat. Kumaha di Bandung ujan terus sapopoé? Di Jakarta hampir saban poé ujan.
Din, bulan hareup geus mimiti peréan, kumaha manéh boga rencana libur ka luar kota? Lamun henteu abdi hayang datang ka imah manéh. Abdi hayang nénjo alusna kaéndahan kota Bandung babarengan jeung manéh. Sakieu heula serat ti abdi.
Wassalamualaikum wr. wb
Indriani Astuti
Kahatur Dina
Di jln.Mawar no.30
Bandung
Salam sono,
Kumaha damang? sateuacanna abdi tos sering ngiriman serat ka maneh.Muga-muga dina katut kaluwarga sejenna ,dina kaayaan sehat. kawas nu geus ditingali tina alamat di luhur,abdi teh geus pindah imah.Bapa abdi teh meuli imah boga dua tepas. jeun pindah ti imah nu lila ka imah nu anyar. abdi resep imah nu anyar. imah ieu jauh leuwih gede ti imah nu lila.
aya ruangan leuwih loba jeung abdi sadayana boga kebon nu leuwih gede.
bapa bebeja, cenah urang sadayana bisa boga kolam keur ngojay lamun urang hayang.
tapi ibu leuwih rese boga kebon lengkap jeung air mancur,lamun abdi teh leuwih milih
abdi hayang boga ruang keur ulin bal atawa bulutangkis. Abdi teh yakin pu bapa pasti ngadengekeun ibu. Keok abdi!
Kumaha lamun maneh teh Dongkap ngunjungin abdi jeung ningal imah anyar kuring?! Abdi geus nemuin Susukan nu bagus Paranti mancing. Dijamin pasti maneh teh Bade betah pisan liburan didieu.
Sabenerna rea keneh nu hayang dicaritakeun teh.Ngan ieu teh geus wengi pisan.Ka hareup urang disambung deui.Balesannya din. Salam ka sarimbit. Sampai ketemu nanti!
Depok,27 November 2009
Kuring nu teu weleh sono,
(Indriani Astuti)
Aulia Tiara
Kahatur Riana
di lembur
Salam sono
Kumha damang? Muga-muga manѐh jueng kulawarga damang. Amin.
Teu karasa, urang sabentar deui semѐsteran. Rasana, anyar baѐ UTS anggeus. Oh ya, kumaha nilaina? Alus teu? Muga alus nya… J
Anyar kѐnѐh, abdi sering pisan bertѐngkar ku adi abdi. Padahal, ѐta tѐh ngan masalah leutik. Naon sababna nya? Hm, bingung abdi jadina. Kumaha jeung manѐh? Rukun-rukun teu jueng lanceuk Ferry?
Rencanana, Insya Allah, waktu liburan sanggeus semѐsteran, abdi jeung kulawarga rѐk ka Bandung. Muga abdi aya waktu keur papanggih manѐh, ngalepas sono. Habisnya, geus lami pisan urang teu papanggih.. Pokoknya, urang kudu papanggih. Tempat jeung waktuna terserah manѐh, abdi satuju baѐ. Ok?
Sebenarnya, abdi masih hayang ngabagi carita keur manѐh, tapi sakitu dulu ya. Abdi tunggu balasanana.
Dѐpok, 27 Nopѐmber 2009
Aulia
Adystia Azizah
Kahatur Mentari Mayang
Di
Depok
Salam sono,
Muga-muga Mayang katut sobat-sobat séjénna di imah, dina kaayaan séhat. Nya kitu deui kolot-kolot urang jeung abangna mayang. Amin!.
Alhamdulillah kuring oge dina kaayaan sehat.
May, geus lami urang téu pependak ti mimiti lebet SMA. Kuring téh di sma 2, anjeun téh di sma 3. Iraha urang bisa pependak deui?. Kuring téh hayang pisan bisa jalan-jalan deiu sareng mira, ani, desi, dewi, vega, mailinda, jeung anjeun sapertos baheula waktos urang di smp. Kuring téh ngarasa sono pisan. Moal urang jangji kanggo pependak, tangtos salah sahiji ti urang, téu aya anu bisa datang. Sebenerna téh kuring mikaharep pisan.
Kumaha sakola di sma 3?, resep téu spertos di smp baheula?. Kuring téh di ngarasa resep bisa sakola di sma 2. geus betah. Sabab kuring geus boga loba batur. Komo babaturan sakelas. Maranéhna téh sipatna ramé. Kuring oge milu éskul jurnalistik. Jurnalistik di sma2 téh bisa di bilang masih anayar. Sabab anyar di bikin jeung ieu téh angkatan ka hiji. Teu sapartos di sma anjeun nu geus lami.di jurnalistik, kuring téh kabagéan nyieun karikatur. Padahal mah, gambar kuring téu alus sapartos anjeun. Anjeun mah jago nyieun, téu sapartos kuring, nyieun kuring téh goréng pisan. May, ajarkeun kuring nyieun karikatur sapartos anjeun ya.
Oh iya, anjeun jeung vega milu éskul Japan club ya?. Seru teu?. Lamun di smada sapertosna téh acan aya. Anjeun téh ti baheula téu robah sipatna, tetep resep Jepang waé. Lamun kuring mah saukur resep kartunna waé.
Kamari, kuring téh pependak Ani di angkot. Anjeunna téh ngajak urang sadaya jalan-jalan ka Bandung sanggeus semesteran engké. Kuring téh senang ngadenge iéu berita. Kumaha, anjeun hayang milu téu?. Kuring tunggu jawabanna.
Sabenerna réa kénéh nu hayang dicaritakeun téh. Ngan ieu leungeunna geus capéeun. Ka hareup urang disambung deui.
Balesan nya, May. Salam ka saréréa. Urang silihdungakeun, masing galedé milik. Amin!.
-
-
-
-
-
-
- Depok, 22 November 2009
-
-
-
-
-
-
-
-
-
-
-
- Réréncangan anjeun,
-
-
-
-
-
-
-
-
-
-
-
- (Adystia Azizah)
-
-
-
-
-
Jalan Japati 3
Bandung
Assalamualaikum Wr.Wb.
Halo, naon kabarna, baik-baik waé pan? Kuring sarta kulawarga kuring dina kaayaan cageur walafiat.
Gampang mudahan béja anjeun ogé kawas éta. Naon di Bandung hujan terus sapanjang poé? Di Jakarta hamper saban poé hujan lo.
Don, bulan hareup pan udah mimiti libur sakola, naon manéh boga rencana liburan ka luar dayeuh? Lamun henteu kuring hayang nganjang ka imah anjeun .Kuring hayang nempo éndahna keindahan dayeuh Bandung sarta berlibur babarengan anjeun
Sakitu tiheula surat ti kuring iraha iraha urang sambung deui.Kutunggu balesan surat anjeun.
Wassalamualaikum Wr.Wb.
Sahabatmu,
Marthin Julianto
Yuditha Sucia
Kahatur Hani Hanidah
Di
Paris
Salam sono,
Muga-muga Hani jeung kaluarga Montepulciano dina kaayaan séhat teu kurang naon-naon.
Kuring ogé di lembur alhamdulillah boh lahir, boh batin dina kaayaan séhat teu kurang naon-naon. Tapi jigana awak kuring nu geus kacida leutikna ngaleutikan deui euy. Bisa jadi lantaran sapopoé sanggeus balik sakola kuring mantuan emak jeung abah di kebon. Atawa bisa jadi mereun capéeun unggal poé ngerjakeun tugas sakola loba pisan, ngagunduk jiga gunung.
Keur mah ayeuna rék ulangan saméster ganjil tugas téh meuni ngalobaan. Kitu deui jeung ulangan nu geus istilahna mah jadi sangu sapopoé. Rarasaan mah teu kuat jeung teu bakal aya tungtungna.
Tapi kuring kudu di ajar soson soson. Sabab kuring hoyong jiga Hani, jadi siswi pertukaran pelajar ka nagri batur. Éta mah geus jadi cita-cita kuring rék ningali jiga naon nya dunia téh. Kuring teu hoyong salilana di lembur nguruskeun kebon atawa ngurus pamajikan jiga Euis jeung Mimin.
Karunya pisan tah si Mimin dijodohkeun ku bapana ka urang Cirebon. Padahal Mimin téh rék teras nuluykeun sakola, budakna ogé pinter deuih. Bejana mah rék disakolakeun di Cirebon ceunah. Ari pék tilu hari kamari kuring nampi serat ti Mimin. Karunya pisan Ni, boro-boro di sakolakeun kaluar imah waé tara. Di kerem di imah sina bébérés da teu di idinan ku salakina.
Dongéng na béda deui jeung si Euis. Si Éta mah kalakah ménta di jodohkeun geura!. Padahal kolt beunghar nanaon gé geus disadiakeun. Dasarna mah da embung nuluykeun sakola. Apan manéhna mah mikir lamun boga salaki beunghar gé milu senang. Keur naon peupeuriheun nuluykeun sakola?.
Alah jadi hayoh wé jadi nyaritakeun sorangan. Kumaha ari kaluarga Montepulciano téh bageur teu?. Hani pan nyarita ka kuring di Paris téh aya menara nu luhur pisan tapi kuring hilap namina.
Sabenerna réa kénéh nu rék di caritakeun tapi kuring kudu mantuan abah heula di kebon. Ka hareup urang sambung deui nya Ni.
Urang pungkas heula di dieu, salam ka kaluarga Montepulciano. Urang silih dungakeun yén masing-masing alalus jeung galedé milikna. Amin!.
Garut, 17 Nopember 2009
Kuring nu teu weléh sono
(Entin Suratni)
Grace Shandy
Depok, 4 Januari 2009
Kahatur Dadang Sarifudin
Di
Lembur
Salam sono,
Haturan Dang kumaha damang? Nuhun ari damang mah. Kuring agé di Dépok aya dina keséhatan.
Kumaha babaturan urang ayeuna Dang? Tatang, Dédi, jeung Néng Titin téa, éta geuning si méncrang wé sugan mah? Asa sono pisan yeuh haying panggih.
Alhamdulillah Dang, kuring di Dépok betah, da loba geuning batur salembur ogé di dieu mah. Wararaas kuring mah ari inget ka lembur téh Dang. Inget henteu Dang, basa ulin ka imah Néng Titin? Sugan téh teu galak bapana nya Dang. Puguh asa dina dongéng mun inget kadinya.
Geus sepuluh taun, urang teu panggih téh nya. Éta ari pagawéan Dadang nu baheula, masih dileukeunan henteu? Béjana geus teu nyien batako deui?
Kuring mah ayeuna keur kuliah deui di S1 UI, haying jadi jelema suksés tidituna mah. Ngeureuyeuh we, da geuning di kota mah anu sarakola téh paluhur-luhur.
Kadé Dang.,béjaan babaturan urang di lembur. Béjakeun, barudak téh kudu sarakolakeun sing laluhur ari haying ngarobah hirup mah. Peupeuriheun atuh urang baheula, sakola téh boro-boro haying luhur dalah tamat SD ogé meni hararésé.
Tah ayeuna, urang kudu boga cita-cita, budak orang kudu jadi jelema pinter, boh pinter élmu ahératna. Ulah poho sina rarajin ngaji, sugan ari ngajina alus, solatna rajin mah moal ka babawa pergaulan anu teu pararuguh.
Di Dépok mah keur mahabu ayeuna téh Narkoba téa geuning, unggal poé aya anu di tangkep ku polisi tapi kalahka beuki nambahan anu kecanduan Narkoba téh. Kadé Dang, jaga barudak urang di kampong, da kadéngéna mah para bandar ayeuna keur ngadeukeutan barudak sakola cenah. Di Dépok ogé geus loba barudak sakola anu jadi korban. Boh anu ditangkep atawa anu dirawat di rumah sakit.
Sakieu heula surat ti kuring, sabenerna mah masih kénéh loba anu haying dicaritakeun ka Dadang téh tapi Kuring keur sibuk pisan ayeuna téh.
Urang silih du’akeun sing galedé milik. Amiin.
Kuring sobat ti leuleutik
Dédén Garnida
Ganjar Sayogo
Kahatur Andri
Di
Lembur
Assalamualaikum Wr.Wb.
Halo,apa béja,baik alus waé pan? Muga-muga Andri katut sobat-sobat sejenna di lembur, dina kaayaan sehat. Nya kitu deui kolot-kolot urang jeung dulur-dulur urang. Amin
Kuring oge di dayeuh, alhamdulillah boh lahir, boh batin dina kaayaan sehat. Malah awak teh ngarasa ngalintuhan. Bisa jadi lantaran hate jeung pikiran ngarasa senang.
Ndri, bulan hareupan udah mimitian libur sakola, naon manéh boga rencana liburan ka luar dayeuh? Lamun henteu kuring hayang nganjang ka imah anjeun.Kuring hayang nempo éndahna keindahan dayeuh Padang sarta berlibur babarengan anjeun
Sakitu tiheula surat ti kuring. Iraha iraha urang sambung deui.Kutunggu balesan surat anjeun.
Wassalamualaikum Wr.Wb.
Depok, 30 Agustus 2009
Kuring nu teu weleh sono
Salam sono,
Mimitri abdi jeung anjeun nempo abdi téh teu henti-hentina ningali anjeun. Siga katiisan abdi dapatkeun nalika abdi natap soca anjeun. Poé ka poé abdi ningali anjeun badé nyarios jujur ti haté abdi.
Abdi naksir ka anjeun. Anu ku abdi diimpikeun meunang deukeut jeung anjeun. Ku abdi carios keun dina surat ieu. Abdi hayang terang abdi nyaah ka anjeun. Hapunten abdi bisi kurang sopan. Ku abdi ungkapkeun perasaan ieu dina surat ieu. Abdi teu seueur harepan hayang jadi kabogoh anjeun tapi abdi seukur hayang anjeun terang anu abdi rasakeun ka anjeun.
Cekap sakieu serat ieu sagala nu ditulis di serat ieu ngagambarkeun perasaan nu sebenarna.
Abdi tunggu balesanna.
Puteri Arindya
Depok,
19 November 2009
Kahatur salira
Nu sok manjang kapiraray
Salam katresna ti katebihan,
Hapunten pami ieu serat nembe diwaler. Da puguh abdi nembe lebet damel deui sabada harita teu damang. Ah duka ku naon atuh kamari mah asa rus ras basa ngawawaas lalampahan anu lawas, ngahelas. Asa teu percanten pami salira bakal ngantunkeun abdi. Asa teu percanten lamun rasa bogoh anu keur pogot kudu peunggas ditengah jalan. Padahal nya Engkang, hirup mah poe ieu. Isuk jeung pageto, kakara ngelemeng dina wangwangan.
Kamari abdi lumeungis asa leungiteun pamuntangan. Kamari mah abdi lir kapeteungan taya geusan pangeunteupan. Asa ku teungteuingeun anjeun…sulaya kana jangji sanaos abdi sadar yen rasa mah sakapeung hambar. Tina cinta kana cidra, sakilat mindah rupa. Tina deudeuh jadi geuleuh, henteu kenging disisieuh. Upami enya tea mah salira tos gaduh nu enggal, ah abdi mah bade sadrah we, bade nampi kana kulak canggeum bagja awak. Ngarumaoskeun diri da abdi mah puguh laip. Piraku jalmi siga Engkang kersa ka abdi nu teu aya pupurieunana.
Engkang, langit anu tadina ceudeum teh bet ngadadak bengras basa abdi nampi serat ti Engkang. Naha leres eta teh, Kang? Yen serat kamari sanes ti Engkang? Naha leres Engkang masih satia satuhu nyepeung jangji nu kantos medal antawis urang duaan. Ah asa teu percanten tapi ieu hate janten bungangang, bingah pisan. Tatu teh ngadadak lita, teu geutihan deui. Hate nu pias koneas teh ngadadak jadi kayas.
Lamun seug abdi gaduh jangjang hoyong ngapung ngawang-ngawang, nyusul anjeun dipangumbaraan. Najan dipisah kusagara, kaamparan banua, da meureun masih salangit, hate urang tetep ngait.
Engkang, pami tea mah leres naon-naon anu diserat kamari teh, sok atuh buktoskeun. Kuabdi diantos pisan dina sasih Rayagung. Engkang teh leres-leres bade mileuleuheungkeun abdi? Sanes mung ukur saheureuyeun wungkul? Sugan ngimpen kitu ieu teh? Ah keun wae ketang ngimpen oge asal ulah waka gugah we. Sono keneh kana endahna, resep keneh nguping galindengna. Leres Engkang, lagu cinta mah kareueut teu nganggo gula ge.
Ari pikeun abdi piraku bade nampik, naon atuh hartosna kasatiaan salami ieu, naon atuh hartosna kasabaran nganti ari dina waktos ngala buahna kalah ka ngejat. Mangga Engkang, ku abdi diantos di rorompok dina sasih Rayagung. Tong hariwang peudah rarebo ukur ku kasono, ulah sieun peudah angkaribung ku rasa rindu, da pan ATM Engkang atos aya di abdi, kantun ngagesek.
Peudah eta Engkang hoyong ka Villa Batan, hayu atuh, abdi mah ngiringan kumaha salira, bade dibeureum bade di hideung teu langkung. Abdi oge moal sieun ku rametuk, moal inggis ku nu ngolebat salami masih aya engkang disagigireun abdi. Atuh ari tos ti Villa Batan mah bade sosonoan deui sabari mapay-mapay Cipularang, mangga teh teuing, asal Engkang kersa we ngagandong abdi. Maenya atuh Engkang tega ningali dampal abdi lalecet alatan aspal mah.
Jungjunan pangharepan ati, mapag wanci nu bakal kasorang, urang silih du’akeun mugia Gusti Nu Maha Kawasa maparin kakiatan ka umatna anu seja ngawangun rumah tangga sakinah. Sasih Rayagung bakal nyungsi, abdi bakal nganti salira nu tetep dipikaemut. Sok samar polah pami emut kasalira teh. Henteu siang henteu wengi, kitu lepat kieu sanes. Kalangkang anjeun teu ilang-ilang ti emutan abdi, saban menit saban detik nu aya teh ngan salira hungkul.
Diantos dina sasih Rayagung, kade ulah ngaheureuyan deui, bilih abdi enyaan pundung. Pami seug abdi pundung teras nampi duriat nu sanes, naha Engkang moal kaduhung? atanapi eta pisan anu ku Engkang di seja?
Sakitu wae nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah neda hapunten, da Engkang ge pan uninga abdi mah teu tiasa nyerat anu ngawirahma siga para bujangga.
Nu teu weleh mikasono.
Salam,
Puteri Arindya
Aditya Choirul Firdaus
Depok, 19 November 2009
Kahatur Budi
Di Bumi
Sareng sejahtera,
Budi, kumaha bejana? damang? kumaha beja bapa sarta ibu maneh? pastina alus kawas kuring di dieu? kumaha sakola maneh? aktip keneh di organisasi OSIS?
Abdi denge bapa maneh gering? parna teu? geus dibawa ka dokter tacan? kuring berdoa ambeh bapa maneh gancang sembuh. kumaha kalawan kaayaan diditu? sarua keneh kawas waktu tiheula? atawa geus aya parobahan?
Liburan engke, kuring babarengan kulawarga kuring daek balik kampung. Kuring kaci teu ulin ka imah maneh? Kuring kangen kalawan aki sarta nini di ditu. Ulah poho titipkan salam kuring ka maranehanana.
Abdi tunggu balesan surat maneh
Hatur nuhun
Hormat abdi
Aditya Choirul Firdaus








