Bahan Ujian Semester Kelas X

Pangajaran 1 Biantara

NGARONJATKEUN KAREUUS NONOMAN KANA BASA SUNDA

Assalamu’alaikum Wr Wb

Hadirin anu sami-sami linggih,

Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.

Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.

Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.

Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.

Hadirin nu dipihormat,

Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.

Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.

Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.

Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawn teh “
ti Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh “ti Jawa Barat”. Batur teh nanya deui: “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? … Pisakumahaeun teuing erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi urang teu bisa.

Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak.

Sajabi ti eta, mikacinta basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun amanah anu aya dina batang tubuh UUD ‘45, utamana pasal 36, Bab XV. Eta teh sanes mung ukur kanggo basa Sunda, nanging sakur basa daerah nu aya di saantero Nusantara perlu dipiara jeung dimekarkeun. Ana kitu mah nonoman anu mikareueus jeung ngagunakeun basa Sunda dina hirup kumbuhna, ngandung harti eta nonoman teh tos kalebet kana warga nagara anu hade.

Hadirin, salajengna, generasi muda anu mikacinta kana basa Sunda sami sareng parantos ngamalkeun ajaran agama. Peryogi kauninga, yen sagala rupa basa anu dipareke ku sakumna jalma anu aya di satangkaraking jagat atanapi satungkebing langit ieu, sanes ciptaan manusa, nanging dadamelan Anu Maha Kawasa – Allah SWT. Mangga uningaan Q.S Arrum ayat 22. Anu unina wallohu a’lam : jeung di antara tanda-tanda kakawasaanNa nyaeta nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit. Saestuna tina hal eta teh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda pikeun jalma-jalma anu mikanyaho.

Tah geuning, ana kitu mah basa Sunda oge kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu Maha Suci. Atuh mupusti basa Sunda oge tiasa kelebet kana padamelan ibadat. Kitu oge upami jalmana aruningaeun alias marikanhyaho tea.

Pasualan utama anu kedah kawaler dina ieu tema biantara teh, nyaeta kumaha sangkan generasi muda mikacinta kana basa Sunda. Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal anu disebatan tadi, rumus anu utama mah generasi muda ulah ngaraos isin, era, atanapi gengsi ngagunakeun basa Sunda.

Cindekna, konci utama para nonoman/generasi muda mikcinta kana basa Sunda, diantawisna ulah eraan. Ulah era ngagunakeun basa Sunda atawa ulah gengsi cacarita ku basa sunda boh di lingkungan kulawarga boh di jalan pasampangan salami urang nu cacarita papada ngarti kana basa sunda.

Hadirin, ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun.

Ulah sagala embung, nanging kudu sagala daek nyaeta kudu daek aub dina kagiatan kasundaan, sapertos acara tembang, mamaos, jeung sajabina. Sim kuring kalintang katajina ku tarekah Bapa Adang S, anu mingpin acara Caraka Sundanologi di televisi. Eta oge kalebet kana tarekah ngirut kana kerep nonoman ngagunakeun basa sundana.

Kitu oge sapertos acara Mojang jeung Jajaka Parahyangan nu dilaksanakeun ku Disbudpar Jawa Barat, eta mangrupi salah sawios tarekah ngaronjatkeun kacinta kana basana. Margi anu namina mojang jeung jajaka Sunda mah sageuy teu ngawasa kana basana.

Terekah sanesna, di antawisna urang kedah ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi kagiatan anu nibulkeun kareueus nonoman kana basa katut budaya Sunda, sapertos pasanggiri biantara sareng debat anu nuju lumangsung ieu.

Anu sanesna sapertos pasanggiri maca carpon, maca sajak, sareng nerbitkeun buku-buku hancengan nonoman nu make basa panganteur basa Sunda.

Kitu oge unggal studio radio di tatar sunda, ditarekahan sangkan aya waktu husus dina acara siaran anu ngagunakeun basa Sunda salaku basa panganteurna.

Hadirin anu sami-sami linggih, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira.

Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.

Manawai bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.

Manawi bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.

Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.

Wassalamu’alaikum wr.wb.

SUMBER : GENTRA BASA HAL 5-7

Ieu di handap kecap-kecap anu aya dina Pangajaran 1 Ngaregepkeun Biantara.

kersaning = karena

urang = aku

sadayana = semuanya

tiasa = bisa

patepung = bertemu

paamprok = bertemu

mugia = semoga

lungsur-langsar = lancar

kalayan = dan

kahontal = tercapai

sagala = segala

anu = yang

dipimaksad = dimaksud

ngadegna = berdirinya

kuring = aku, saya

dina = pada

danget = waktu

ieu = ini

payuneun = di depan

para sepuh = para orang tua

miwah = dan

rawuh = datang

taya sanes = bukan lain

seja = akan

kitu oge = itu juga

jeung = dan

rumasa = merasa

kabisa = kemampuan

sanggem = bersedia

paripaos = peribahasa

boa = mungkin

catur = omongan

ngalantur = melantur

teu puguh = tidak jelas

alang ujur = arah

taya = tidak ada

pulungeunana = yang di pungut (yang diambil)

nanging = namun

sanaos = walapun

baris = akan

nyobi = mencoba

ngaguar = membahas

biantara = pidato

ngaronjatkeun = meningkatkan

kareueus = kebanggaan

nonoman = anak muda

kana = terhadap

saparantos = setelah

maluruh = mencari

sababara = beberapa

sihoreng = ternyata

pikeun = untuk

kedah = harus

mibanda = mempunyai

katineung = ingatan

nepikeun ka = sampai dengan

mupusti = memuja

malire = memperhatikan

antukna = akhirnya

banda = harta

nginjeum = meminjam

sanes = bukan

hartosna = artinya

deungeun = asing

nanging = namun

langkung = lebih

payus = bagus

saupami = seumpama

weruh = nyaho

disarengan = dibarengi

ngaraksa-ngariksa= melestarikan, menjaga

ciciren = ciri

rupina = ternyata

nuduhkeun = menunjukan

dipibanda = dipunyai

salah sahiji = salah satu

bakal = akan

sekeseler = turunan

disarengan = dibarengi

palangsiang = mengkhawatirkan

saumpama = seumpama

heug = ternyata

naros = bertanya

kawit = asal

pisakumahaeun = bukan main

erana = malunya

diperedih = diminta

ngawanohkeun = memperkenalkan

mikacinta = mencintai

parantos = telah

kalebet = termasuk

hade = bagus

salajengna = selanjutnya

peryogi = perlu

kauninga = diketahui

diparake = dipakai

dadamelan = ciptaan

mikanyaho = mengetahui

pasualan = persoalan

kedah = harus

kawaler = terjawab

kumaha = bagaimana

sangkan = agar

waleranna = jawabannya

sajabi = disamping

ngaraos = merasa

isin = malu

cindekna = kesimpulannya

erraan = malu

lisung = tempat menumbuk padi

reueus = bangga

ngamumule = melestarikan

karuhun = nenek moyang

embung = tidak mau

nanging = namun

aub = ikut

mamaos = menyanyi

tarekah = usaha

ngirut = menarik hati

karep= keinginan

mangrupi = merupakan

ngaronjatkeun = meningkatkan

pasanggiri = lomba

lumangasung = berlangsung

hancengan = yang disediakan

linggih = hadir/tinggal

diwangsulkeun = dikembalikan

paheuyeuk-heuyeuk = bekerja sama

manawi = kiranya

hapunten = maaf

ngabejaan = memberi tahu

mamatahan = mengajarkan

ngojay = berenang

mungguhing = benar-benar

kajurung = terdorong

Pangajaran 2 Ngaregepkeun Siaran Televisi

Golémpang

Us Tiarsa          :     Haturnuhun, wilujeng sumping sareng wilujeng wengi, hatur nuhun kana kasumpinganana ka studio.
                                   Terima kasih , selamat dating dan selamat malam. Terima kasih atas kehadiranya di studio
Ano Karsana   :     Sami-sami. Sawangsulna hatur nuhun kana pangangkirna.
                                   Sama-sama. Sebaliknya terima kasih atas undangannya.
Eulis Saputra :     Wilujeng wengi
                                   Selamat malam
Us Tiarsa          :     Rupina bade ka Pa Ano heula. Seueur anggota masarakat nu kagungan anggapan, yén basa Sunda téh sesah. Dugi ka aranjeunna milih sasauran ku basa Indonesia, batan ngagunakeun basa Sunda. Tah, naha leres basa Sunda téh sesah?
                                  Rupanya akan ke pak Ano dulu. Banyak anggota masarakat yang mempunyai anggapan bahwa bahasa sunda itu sulit. Sampai-sampai mereka memilih berbicara dengan bahasa Indonesia, daripada menggunakan bahasa sunda. Nah apakah benar bahasa sunda itu sulit?
Ano Karsana   :     Namina ogé anggapan, tangtos teu acan kantenan leresna. Malih ceuk sim kuring mah, éta anggapan téh lepat kabina-bina. Ayeuna sim kuring badé naros ka pa Uus, heg waler sing jujur. Numutkeun Pa Uus, sesah mana sasauran nganggo basa Sunda sareng ngagunakeun basa Inggris atanapi basa Arab?
                                   Namanya juga anggapan, tentu saja belum tentu kebenarannya. Malah menurut saya, anggapan itu sangat salah. Sekarang saya akan bertanya ke pada pak Uus, dan jawab dengan jujur. Menyrut Pak Uus, sulit mana berbicara menggunakan bahasa sunda dengan menggunakan bahasa Inggris atau Arab.
Us Tiarsa          :     Ku margi sim kuring mah orang Sunda, kantenan sesah kénéh sasanggem ku basa Inggris atanapi basa Arab.
                                   Karena saya orang sunda, tentu saja masih sulit berbicara menggunakan bahasa Inggris atau bahasa Arab.
Ano Karsana   :     Saleresna basa Sunda téh henteu sasah teu sing, utamina kanggo urang sunda. Cenah éta di masarakat aya anggapan, majar basa Sunda sesah, éta mah mung raraosan. Biasanamah pédah dina basa Sunda aya nu disebut tatakrama basa. Undak-usuk basa disebatna upami kapungkurmah. Aya basa lemes, aya basa kasar. Padahal asal dibiasakeun, dijamin henteu sesah teu sing.
                                   Sebenarnya bahasa Sunda itu tidak terlalu sulit, terutama untuk orang Sunda. Katanya di masarakat itu ada anggapan, bahwa bahasa Sunda itu sulit, itu mah hanya perasaan. Biasanya karena dalam bahasa Sunda ada yang disebut tatakrama basa. Undak-usuk basa disebutnya jika dahulu kala. Ada bahasa halus ada bahasa kasar. Padahal asal dibiasakan, dijamin tidak akan terlalu sulit.
Us Tiarsa          :     Kumaha pamendak Bu Eulis?
                                   Bagaimana pendapat Bu Eulis?
Eulis Saputra :     Nu mawi eta nu kedah diusahakeun ku urang téh. Ngarobih sikep sabagéan urang sunda, supados ulah aya emutan, yen basa sunda téh sesah. Sapertos anu nembé disaurkeun ku Pa Ano. Sim kuring rada ngartos sareng tiasa nyanggem ku basa Inggris. Tapi numutkeun pangalaman, angger waé langkung gampil nyanggem ku basa Sunda. Margi tos biasa téa.
                                   Itulah mengapa harus diusahakan oleh kita. Mengubah sikap sebagian orang sunda, supaya tidak ada anggapan, bahwa bahasa sunda itu sulit. Seperti yang baru saja diutarakan oleh Pak Ano. Saya agak mengerti dan bisa berbicara menggunakan bahasa Inggris. Tapi menurut pengalaman, tetap saja lebih gampang menggunakan bahasa Sunda.
Ano Karsana   :     Leres, da basa mah sanés apalkeuneun, naming anggoeun. Sareng naha dikinten urang Sunda nu sasauran ku basa Indonesia, basa Indonesiana leres kitu? Malih apan létah urang Sunda nu kasohor sesah upami diajak mamalayuan téh. Benten sareng urang Jawa atanapi urang sabrang.
                                   Betul, bahasa itu bukan harus dihafalkan,  amun digunakan. Dan apakah dikira orang sunda yang berbicara oleh bahasa Indonesia, bahasa Indonesianya betul? Malahan kan lidah orang Sunda yang terkenal sulit jika diajak mamalayuan. Beda dengan orang jawa dan orang sebrang.
Us Tiarsa          :     Janten ari kitu mah, majar basa Sunda sesah téh, henteu leres?
                                   Jadi jika begitu, anggapan bahwa bahasa sunda itu sulit, tidak benar?
Eulis Saputra  :     Lepat pisan, sakali deui, asal dibiasakeun, basa naon-basa naon ogé tinangtos bakal gampil.
                                   Sangat salah, sekali lagi, asal dibiasakan, bahasa apapun juga tentu saja akan gampang.
Us Tiarsa          :     Namung ayeuna mah geuning, ulah di kota, di pilemburan ogé ngawitan seueur nu nyariosna mamalayuan.
                                   Namun sekarang ternyata, jangankan di kota, di desa juga sudah mulai banyak yang berbicara mamalayuan.
Eulis Saputra :      Leres. Contona di lembur sim kuring. Nanging punten moal disebatkeun, lembur naon-lembur naonna mah. Seueur barudak aralit, niru-niru urang Batawi. Nggak mau, pengen makan, biarin, cenah. Da éta panginten dipirucaan ku sepuh-sepuhna.
                                   Betul. Contohnya di desa/kampung saya. Namun maaaf tidak akan disebutkan, desa/kampung apa itu. Banyak anak-anak kecil, meniru-niru orang betawi. “Ngak mau, pengen makan, biarin, katanya. Itu sepertinya dicontoh dari orang-orang tuanya.
Ano Karsana   :     Janten émut kana dongéng réréncangan. Aya urang lembur, didamel di Jakarta. Teu acan pati lami, nembé sataun jalan. Waktos mulang lebaran, siga nu tos hilap pisan kana basa Sunda. Nyaritana sareng sasaha téh teu weléh nurutan si Mandra. Elu, gué, sareng sajabina. Kacaturkeun pienjingeun manéhna mulang deui ka kota , diantos ku tatanggana. Iraha ka Jakarta deui? Jawabna téh bésok. Ditaros deui rék wayah naon? Besok-besok.
                                   Jadi ingat dengan dongeng teman-teman. Ada orang desa/kampong, bekerja di Jakarta. Tidak begitu lama, baru setahun berjalan. Waktu pulang lebaran, sepertinya yang sudah lupa terhadap basa sunda. Ucapannya dengan siapa saja tak pelak mengikuti si Mandra. Elu, gue, dan sebagainya. Ceritanya esoknya dia akan pulang lagi ke kota, ditunggu oleh tetangganya. Kapan akan ke Jakarta lagi? Jawabnya “besok”. Ditanya lagi mau berangkat jam berapa? “besok-beso (terjemahan yang salah dari isuk-isuk)”
Us Tiarsa          :     Makasadna pangingten isuk-isuk.
                                   Maksudnya sepertinya pagi-pagi.
Ano Karsana   :     Leres
                                   Betul
Us Tiarsa          :     Tadi disebatkeun, pangna disebat sesah téh ku margi aya tatakrama basa téa. Sarieuneun lepat rupina. Batan lepat mending ngagunakeun basa Indonesia. Utamina barudak ngora. Kumaha pamendak bu Eulis?
                                   Tadi disebutkan, disebut susah itu karena ada tatakrama bahasa. Takut salah sepertinya. Daripada salah lebih baik menggunkan bahasa Indonesia. Terutama anak muda
Eulis Saputra :      Naha ari dina basa  Indonesia, basa Inggris, sareng basa Arab teu aya tatakrama basa kitu? Aya pisan. Contona dina basa Indonesia mustahil nyebat ka presiden lagi makan atanapi tengah tidur. Pasti nyebat téh tengah bersantap. Tengah istirahat. Sarengna ogé da jumlahna ogé henteu seueur-seueur teuing. Moal aya sataikukuna upama dibandingkeun sareng robahna kecap dina basa Inggris atanapi Basa Arab.
                                   Apakah dalam bahasa Indonesia, bahasa Inggris, dan bahasa Arab tidak ada tata karma bahasa? Ada. Contohnya saja dalam bahasa Indonesia mustahil menyebut presiden lagi makanatau tangh tidur. Tapi menyebut tengah bersantap. Tengah istirahat. Dan juga jumlahnya juga tidak terlalu banyak. Tidak akan “setaikukuna” jika dibandingkan dengan rubahnya kata dalam bahasa Inggris atau bahasa Arab.
Ano Karsana   :     Ah, nya enya atuh, urang Sunda mah sakapeung sok rada héngkér. Gampil éléhan.
                                   Ah, iya benar, orang Sunda mah terkadang suka agak ciut. Gampang kalah.
Eulis Saputra :     Rupina kedah aya kampanyeu khusus. Nyebarkeun pamphlet: saur saha basa Sunda sesah!
                                   Sepertinya harus ada kampanye khusus. Menyebarkan pamphlet : kata siapa bahasa sunda susah!
Us Tiarsa          :     Aéh teu karaos, parantos ampir sajam. Ku margi kitu, kanggo samentawis, wawangkong téh urang pungkas. Ka payun urang sambung deui. Hatur nuhun.
                                   Tidak terasa, sudah hamper satu jam. Oleh sebab itu, untuk sementara, obrolan kita tutup. Ke depan kita sambung lagi. Terima kasih.


Pangajaran 3 Maham Dongeng

Dongénng Santri Bodo
Aya santri pohara beletna. Nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri lianna. Mangtaun-taun masantrén, can ngalaman hatam al-quran sakali-kali acan. Boro-boro khatam al-quran jampé solat baé ukur bisa al fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah tinggaleun pisan. Tapi ari ngaliwet mah pangpinterna. Kabéjakeun kaanggo ku ajengan sagala. Loba babaturanana nu geus baroga pasantrén sorangan. Atuh santri-santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Ari manéhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa éra sorangan. Éra ku sasama santri, éra ku ajengan.
Ada santri sangatlah bodoh. Sampai dengan seringkali menjadi bahan olok-olok santri lainnya. Bertahun-tahun mesantren, belum pernah hatam al-quran sekalipun. Jangankan khtam al-quran bacaan solat saja hanya bisa al fatihah dan surat pendek. Apalagi menghafal kitab atau bercerita dengan bahasa arab sangat tertinggal. Namun kalau membuat nasi liwet dia paling pintar. Diceritakan sangat terpakai oleh ustad segala. Banyak teman-temannya yang sudah mempunyai pesantren sendiri. Santri-santri baru berdatangan mengganti yang sudah tamat. Sedangkan dia tidak ada kemajuan. Akhirnya merasa malu sendiri . Malu oleh sesama santri , malu oleh ajengan.
Tina geus teu kuat nahan kaéra, hiji poé manéhna nepungan Ajengan di bumina. Maksudna rék terus terang, niat balik ka lemburna. Barang tepung pok nyarita, “Ajengan abdi amitan, badé mulang ka lembur” cenah.
Karena sudah tidak kuat menahan malu, satu hari dia menemui ustad di rumahnya. Maksudnya ingin terus terang, berniat pulang ke kampungnya. Waktu bertemu dia berucap, “Ustad saya pamit, akan pulang ke kampong” katanya.
“Mulang téh mulang kumaha, apan lain waktuna peré?” témbal Ajengan.
“Pulang itu pulang bagaimana, bukannya ini bukan waktunya libur?” jawan Ustad.
“Mulang teras, moal wangsul deui ka pasantrén. Da bongan geuning, mangataun-taun masantrén, teu aya pisan kamajengan.”
“Pulang selamanya, tidak kembali lagi ke pesantren. Karena ternyata, bertahun-tahun mesantren tidak ada kemajuan sama sekali.”
Ajengan henteu buru-buru ngidinan. Malah teras ngawurukan, sangkan ulah babari pegat harepan. Unggal jelema kamampuna teu sarua, cenah. Aya nu gancang bisa nangkep pangajaran, teu kurang-kurang anu butuh waktu rada lila, kakara manéhna ngarti.
Ustad tidak cepat-cepat mengizinkan. Malah terus menasihati, agar tidak gampang putus asa. Setiap orang kemampunya tidak sama, katanya. Ada yang cepat bisa menangkap pelajaran, tidak kuran ada yang butuh waktu agak lama, baru dia mengerti.
“Ulah, manéh ulah mulang, mending balik deui ka pondok. Hég diajar leuwih rajin!” Saurna deui.
“Jangan, kamu jangan pulang, lebih baik pulang lagi ke pondok. Dan belajar lagi lebih rajin!” Jawabnya lagi.
Tapi manéhna keukeuh ménta diidinan mulang. Biasana, ti batan miceunan waktu di pasantrén, mending sagawé-gawé di lembur. Diajar neangan pangupa jiwa.
Tapi dia keukeuh meminta diizinkan pulang. Pikirnya, daripada membuang waktu di pesantrén, mendingan bekerja di kampong. Belajar mencari nafkah.
Ku sabab niatna geus pageuh, ahirna ajengan teu bisa naon-naon.
Karena niatnya sudah bulat, akhirnya ustad tidak bisa berbuat banyak.
“Rék iraha manéh mulang? Apan ayeunamah geus burit?”
“Mau kapan kamu pulang? Bukannya sekarang sudah soré?
“Badé énjing saatosna solaat subuh,” cenah teu poho ménta didungaken.
“Ingin besok setelah solat subuh,” katanya tidak lupa meminta diduakan.
Isukna rebun-rebun pisan menéhna ninggalkeun pasantrén. Ti pasantrén ka lemburna téh, lilana kira-kira sapoé. Sajaba ti éta kudu ngaliwatan leuweung, ngurilingan pasir, sarta turun ngaraas walungan. Tengah poé kakara meunang satengahna. Harita satengah poé deui, kakara nepi ka lemburna.
Esoknya pagi-pagi sekali dia meninggalkan pesantren. Dari pesantren ke kampungnya itu, lamanya kira-kira sehari. Selain itu harus melewati hutan, mendaki bukit, dan menyebrangi sungai. Tengah hari baru mendapat setengahnya. Waktu itu setengah hari lagi, baru sampai ke kampungnya.
Lantaran ngarasa capé,  Santri eureun heula niat reureuh. Gék diuk handapeun tangkal kai. Kaayaan di sakurilineunana kacida tiiseunana. Nu kadéngé téh ukur sora angin nebak tatangkalan, paselang jeung cluk-clakna cikaracak. Tapi, ku sabab capé, guher manéhna saré tibra pisan.
Karena merasa lelah, Santri berhenti dulu berniat istirahat. Duduk dibawah pohon kayu. Keadaan di sekelilingnya sangatlah sepi. Yang terdengar hanyalah suara angin menebak pohon-pohon, diselingi dengan tetes-tetes air yang jatuh. Tapi kerena lelah, dia kemudian tertidur dengan lelap.
Hudang-hudang beuteungna ngarasa lapar. Rét ka luhur, panonpoé mimiti déngdék ngulon. Kop kana bekel bawaana. Réngse dahar tuluy beberesih , nginum sakalian wudhu tina solokan leutik, teu jauh ti tempat manéhna reureuh. Bérés wudu, terus solat lohor luhureun batu lémpar.
Bangun tidur perutnya merasa lapar. Melihat ke atas, matahari mulai beranjak ke arah barat. Ia mengambil bekal bawaannya. Selasai makan lalu bersih-bersih, minum sekalian wudhu dari selokan kecil, tidak jauh dari tempatnya beristirahat. Selesai wudhu, terus solat dzuhur di atas sebuah batu besar.
Tah, waktu manéhna solat, sora cai nyakclak kadéngéna beuki jelas. Clak….clak…., cenah, siga meunang ngatur. Méh baé solatna batal.
Waktu dia solat, suara air nyankclak terdengarnya sangat jelas. Clak…clak…, cenah seperti sudah diatur. Hampir saja solatnya batal.
Tutas solat, panasaran hayang nyaho asal sora. Sabada ditéangan bréh … katénjo, cai tina sela-sela batu, ngarayap mapay aakaran, méméh ragrag ninggang batu lémpar.
Selesai solat, penasaran ingin tahu asal suara. Setelah dicari terlihat, air dari sela-sela batu, mengalir melewati akar-akaran, sebelum jatuh menimpa batu besar.
Ieu geuning asal datangna sora téh, gerentesna. Ngan édas mani siga meunang ngatur. Sora rag-rag ngalagu, sarta angger wirahmana. Persis sora tik-teknajarum jam. Kalakuan cai ku manéhna terus diperhatikeun . Ti mimiti barijil tina sela-sela batu, tuluy mapay aakaran, nepi ka tingkereclak ragrag kana batu téa.
Ini ternyata asal datanya suara itu, dalam  hatinya. Namun luar biasa seperti dibuat beraturan. Suara jatuhnya melagu, dan iramanya tetap. Persis suara tik teknya jarum jam. Perilaku air oleh dia terus diperhatikan. Dari mulai muncul dari sela-sela natu, lalau melewati akar-akaran, sampai dengan menetes jatuh ke batu itu.
Ana diteges-teges, geuning batu anu kakeclakan cai téh nepi ka legokna, Heg ku manéhna dipikiran , batu sakitu teuasna bisa legok ukur karagragan cikaracak. Pasti lain waktu sakeudeung-sakeudeung. Bisa jadi mangpuluh-puluh taun.
Setelah dilihat-lihat, ternyata batu yang dijatuhi tetes air itu sampai dengan cekung. Oleh dia dipikirkan, batu yang begitu kerasnya bisa cekung hanya dengan jatuhnya air. Pasti bukan waktu yang sebentar. Bisa jadi berpuluh-puluh tahun.
Heueuh ari leukeun jeung sabar mah, cai anu ukur sakeclak-sakeclak bisa ngalegokan batu nu sakitu teuasna. Naha ari aing…. Tungtungna inget kana kalakuan sorangan. Pédah diajar ngaji teu bisa-bisa, gancang ngarasa éléh. Nepi ka milih balik ka lembur, ti batan leuwih soson-soson.
Benar kalau rajin dan sabar, air yang hanya setetes-setetes bisa membuat cekung batu yang begitu kerasnya. Bagaimana denan aku…. Akhirnya ingat pada kelakuannya sendiri. Karena belajar mengaji tidak bisa-bisa, cepat merasa putus asa. Sampai dengan memilih pulang lagi ke kampungnya, daripada lebih sungguh-sungguh.
Harita kénéh manéhna ngagidig seja balik deui ka pasantrén. Dina jero haténa jangji rék leuwih rajin diajar . Cenah éta boga uteuk kacida beletna rék nurutan laku  cai. Teu bisa sataun, dua taun. Dua taun teu bisa kénéh matak naon tilu taun. Sugan ari leukeun jeung sabar mah laun-laun kataékan
Waktu itu juga dia pergi lagi dengan tujuan kembali lagi ke pesantren. Dalam hatinya berjanji akan lebih rajin belajar. Katanya ia mempunyai otak sangatlah bodoh, akan mengikuti laku air. Tidak bisa setahun, dua tahun, tidak bisa juga apa salahnya tiga tahun. Harapanya kalau rajin dan sabar, pelan-pelan akan tercapai.
Kajurung ku sumanget rék diajar leuwih getol,leumpangna satengah lumpat . Atuh méméh magrib deui téh geus datang deui ka pasantrén. Rasa éra duméh geus amitan balik deui, buru-buru disingkirkeun.
Terdorong oleh semangat ingin belajar lebih giat, jalanya setengah berlari. Sebelum magrib tiba sudah datang lagi ke pesantren. Rasa malu karena sudah pamitan pulang lagi, cepat-cepat dihilangkan.
“Aeh gunning ilaing?” Ajengan kaget nénjo santrina balik deui.
“Leres, abdi Ajengan,” cenah.
Méméh Ajengan naros papanjangan, leuwih tiheula manéhna ngadadarkeun lalakona. Nya éta manggihan cikaracak , rag-rag nyakclak ninggang batu, nepi ka éta batu jadi legok.
“Piraku abdi, manusa, kudu éléh ku cai,” cenah ka Ajengan.
Ku sabab diajarna leuwih enya-enya, sakitu taun ti harita, masantréna teu burung tamat. Kabéjakeun éta santri belet téh nepi ka boga pasantrén gedé,sarta sohor ajengan jeung luhur élmuna.


Pangajaran 4 Maham Sajarah Lokal

Perang Bubat
Kangjeng Prabu Sri Baduga Maharaja, Raja Nagara Galuh Pakuan hiji mangsa kasumpingan utusan karajaan Majapahit. Eta urusan téh dipiwarang Prabu Hayam Wuruk pikeun masrahkeun lamaran. Kaleresan Sri Baduga Maharaja kagungan putra istri, kacida geulisna jenenganna Déwi Citraresmi.
Sigana béja Sri Baduga kagungan putra geulis, nepi ka Majapahit. Turug-turug Prabu Hayam Wuruk tacan ngabogaan prameswari. Ku sabab eta manéhna ngirim utusan, pikeun masrahkeun lamaran téa.
Sabada dibadantenkeun sareng putra garwana, panglamar prabu hayam wuruk ditampi. Malah sakumna paméntana, Déwi Citraresmi rék dijajapkeun ka Majapahit. Alam harita karajaan majapahit mangrupa karajaan panggedena di Nusantara (Indonesia).
Sabagéan gedé karajaan nu aya di Indonesia jadi patalukan Majapahit. Malah kabéjakeun kakawasaan nepi ka Malayasia, Singapur, jeung Thailand ayeuna. Di antara nu henteu taluk teh nya éta kerajaan galuh pakuan.
Ari papatihna ngarana Gajahmada. Saha nu bireuk ka manéhna, ahli mingpin perang, tukang nakluk-naklukeun karajaan. Ku sohor-sohorna Gajah mada, kakara ngadéngé ngaranna, loba raja nu milih langsung serahbongkokan. Lantaran paur nyanghareupan balatentara Majapahit Pingpinan Patih Gajahmada.
Gajahmada kungsi ngedalkeun sumpah, moal ngadahar buah palapa lamun can bisa nalukkeun karajaan-karajaan nu aya di Nusantara. Ku usaha manéhna , sumpahna bisa tinekanan.
Dina waktuna, dibarengan para prajurit, rombongan Sri Baduga Maharaja angkat ngajugjug ka nagara Majapahit. Sababaraha poé ti harita, tepi ka hiji lembur, ngarana lembur bubat. Kabeneran teu pati jauh ti puseur nagara. Sabada saréréa reureuh, teras Sri Baduga miwarang utusanna nyaéta Ki Patih Madu. Maksadna nguningakeun , yen ajeuna saputra garwa parantos dugi ka Lembur Bubat. Sajaba ti éta mundut dipapagkeun, da kitu lain ilaharna. Piraku aya awéwé dating sorangan ka tempat lalaki.
Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita palay migarwa Déwi Citraresmi sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun Patih Gajahmada, supaya siap-siap pikeun mapag calon pangantén istri. Ngan naha atuh dasar Gajahmada, sohor sombong ieu aing, paréntah raja langsung ditolak. Alesanna dibandingkeun jeung Majapahit, nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik.
“Leuwih hadé Sri Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna,” cenah” Anggap waé Déwi Citraresmi téh upeti, sakalian némbongkeun, yén Karajaan Galuh Pakuan taluk ka Majapahit, seperti nagara-nagara séjenna.”
Bisa jadi lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti dinya gancang ngirimkeun utusan, eusina persis sakumaha omongan Patih Gajahmada. Puguh baé Sri Baduga Maharaja kacida benduna. Salirana langsung ngagidir, ampir-ampiran teu kiat nahan amarah. Sikep urang Majapahit, pangpangna Patih Gajahmada, sarua jaung ngahina. Déwi Citraresmi, anak raja, putri sakitu geulisna kudu dianggap upeti nagara jajahan. Padahal ti iraha karajaan galuh Pakuan jadi patalukan Majapahit?
Sri Baduga Maharaja sasauran ka saréréa, “Piisukeun urang miang ti Galuh Pakuan, pasosoré kula nénjo langit hurung ngagempur siga kahuruan. Moal salah eta téh kila-kila, urang bakal nyanghareupan peperangan. Ku kituna saréréa kudu taki-taki, sabab gedé kamungkinan urang majapahit bakal maksakeun kahayangna.”
Kasauran Sri aduga écés ngagambarkeun sikep anjeunna, kajeun kudu kaleungitan nyawa, ti batan ical kahormatan diri. Sabalikna pikeun Patih Gajahmada, sikep Raja Pakuan sarua jeung nyieun pucuk ti girang, nangtang kan kakuasaan Majapahit. Manéhna gancang ménta idin rajana, seja ngumpulkeun para prajuritna Majapahit pikeun nalukkeun Sri Baduga sabalad-balad.
Sakali deui Raja Hayam Wuruk beunang kaolo ku Patih Gajahmada. Geus kitu mah, der perang campuh antara tentara galuh pakuan ngalawanan paraprajurit Majapahit. Lantaran indit ti nagara lain rék niat perang, Sri Baduga Maharaja henteu nyandak prajurit seueur-seueur . Atuh dina derna peperangan, jumlahna henteu saimbang. Nya kitu deui pakarang perangna, henteu salengkep tentara Majapahit.
Akibatna tentara Galuh Pakuan nungtutan jadi korban. Malih lami-lami Sri Baduga Maharaja ku anjeun, kasambut di pangperangan. Maot dikerepuk mangpuluh-puluh prajurit musuh.
Kantun prameswari sareng Déwi Citraresmi, ngaraoskeun kasedih dikantun ku Kangjeng Raja. Duanana énggal mandi beberesih, sarta saatosna teras nganggo raksukan bodas.
Putri Galuh sareng ibuna newekkeun keris kana salirana, nyusul Sri Baduga Maharaja nu parantos maot ti payun. Tanah Bubat beureum ku getih dua wanita suci. Ngadangu  Déwi Citraresmi jadi mayit, Raja Hayam Wuruk kacida handeueulna. Cita-cita ngadahup ka putrid geulis henteu jadi, gara-gara nurut teuing kana omongan Patih Gajahmada.
Tina ngaraos hanjakal, tungtungna brek baé teu damang parna. Mangpuluh-puluh dukun dukumpulkeun, welas-welas pandita ditéang nya kitu deui ahli panyakit, ngahaja dangkir ti mana mendi. Tapi, kawantu lain panyakit biasa, bisa cageur upama obatna ku Dewi Citraresmi. Dina tiasa damangna deui ogé, teu sapertos bihara-bihari.
Geus kitu mah kakara Patih Gajahmada ngaku kana kasalahanna. Disangkana Raja Sri Baduga Maharaja, sarua jeung raja-raja liana. Gampang taluk kana kakawasaan majapahit. Malah aya leuwihna, Sumpah Palapa Gajahmada dianggap cupar ku ayana éta kajadian. Nagara-nagara di Nusantara anu tadina aya dina kakawasaan Majapahit, nungtutan misahkeun manéh.


Pangajaran 5 Aksara Sunda

Aksara Sunda adalah hasil karya ortografi masyarakat Sunda melalui perjalanan sejarahnya sejak sekitar abad 5 M yang lalu hingga saat ini. Keberadaannya perlu dipelihara dan dikembangkan.

Salah satu cara pemeliharaan dan pengembangan aksara sunda tersebut adalah dengan diajarkanya aksara sunda pada jenjang pendidikan formal, seperti halnya SMA.

Nan berikut ini adalah pemaparan singkat tentang aksara sunda.

Kongsonan
kongsonan

Pokal
pokal

Tambahan Vokal “eu”.

Seperti akasara “a” tetapi menggunakan tanda lagi.

Lihat gambar berikut.

benar

Tanda Baca
tanda baca

Contoh penerapan dalam kalimat.
contoh nama

Pangajaran 6 Surat Pribadi

Kahatur Ratih Sukaesih
Di
Lembur

Salam sono,
Muga-muga Ratih katut sobat-sobat séjénna di lembur, dina kaayaan séhat. Nya kitu deui kolot-kolot urang jeung dulur-dulur urang. Amin!
Kuring ogé di dayeuh, alhamdulilah boh lahir boh batin dina kaayaan séhat. Malah awak téh ngarasa ngalintuhan. Bisa jadi lantaran haté jeung pikiran ngarasa senang.
Rék teu senang kumaha atuda, Pa Hidayat sareng istrina, kacida bageurna. Nya kitu deui para putrana, Kang Asep, Téh Inggit, jeung Adé Iqbal. Teu sangka puguh gé, sugan téa mah balageurna moal siga kitu. Padahal lain sasaha. Ukur deungeun-deungeun haseum. Da apan kuring ngiring jeung aranjeuna téh, duméh peryogi kénéh ku tanaga, tukang bébérés di bumina.
Ka putrana nu arageung, nyebut téh Kang Asép jeung téh inggit. Waktu kuring pok deui-pok deui nyebut adén jeung agan, sakumaha papatah Ema jeung Bapa di lembur, pa hidayat sareng istrina, ngan henteu baé dugi ka bendu. Malah ku putra bungsuna mah, ku sabab sahandapeun, cukup nyebut namina Adé Ikbal.
Tapi nu pangsenangna mah lantaran kuring disakolakeun. Ratih gé meureun apal, apan kuring mah hayang pisan nuluykeun sakola téh. Anu matak barang ditawaran, daék ngiring sareng kulawarga Pak Hidayat, teu réa pikiran deui, langsung ngajawab daék. Ku sabab dijangjikeun rék disakolakeun téa.
Enyaan kuring mah henteu mandang buruh. Asal disakolakeun geus leuwih ti cukup. Da ari dahar jeung saré mah piraku sugan teu disadiakeun. Nya kitu deui pakéan, asal dipake saregem sakola baé, kuring mah geus atoh. Kajeun teuing masing lungsurna Téh Inggit ogé.
Ari pagawéana kacida énténgna. Subuh-subuh hudang. Réngsé solah subuh, sasapu jeung ngepél. Teu capé dan teu aya alatna. Sasapu tinggal disedot, ngepél henteu kudu digusruk-gusruk. Katambah-tambah nu babantu téh tiluan. Jadi sanajan imah sakitu gedéna, henteu digawékeun ku sorangan.
Sakapeung bari sasapu, sakalian bari nyeuseuh. Anéh nya? Henteu anéh, da nyeuseuh ogé aya alatna. Diguwer maké mesin cuci. Seuseuheun rék sakumaha-sakumaha, tinggal ngalungkeun kana mesin cuci nu geus meunang nyaian jeung ngawuran ku sabun bubuk.
Keueum heula lima nepi sapuluh menit mah, ti dinya kakara diputer. Geus beresih tuluy digaringkeun. Ngagaringkeunana oge sarua dina mesin cuci deuih.
Bérés digawé tuluy mandi. Ti dinya sasarap. Geus kitu mah naon baé sagawé-gawé, selang-selang ngapalkeun atawa bucu-baca téh. Seueur pisan bacaeun di bumi Pa Hidayat téh. Rék koran, rék majalah, rék buku tinggal daékna.
Ku lantaran kelas hiji kabagéan sakolana beurang. Jadi isuk-isuk téh henteu asa diudag-udag ku waktu. Duka engké mun geus kelas dua mah. Sabab sakolana isuk-isuk. Kuring mah inggis teu kaburu baranggawé baé. Moal teu éra meureun mun ukur sasapu atawa ngepél téh.
Tapi kuring jangji, lamun sakola isuk-isuk rék leuwih tangginas. Atawa pigawéeunana isuk-isuk, rék dipigawé ti saméméhna kénéh. Utamana nyeuseuhan jeung ngalicin.
Aéh, hayoh waé nyaritakeun sorangan. Kumaha ari ratih, tulus hanteu jeung édah kursus ngaput? Alusna mah ulah nepi ka henteu. Peupeuriheun nuluykeun sakola kawas kuring, atuh kursus-kursus. Da apan hirup téh kudu boga bekel. Ngan lamun geus lulus , ulah hayang digawé di kota. Mending muka usaha sorangan di lembur.
Ari Nonon jeung Kasdah naon kagiatanana ayeuna? Nonon mah kétah pasti mantuan kolotna nungguan warung. Anéh Si éta mah, sakitu boga kolot beunghar, embung nuluykeun sakola. Abong anak tunggal jeung diogo.
Karunya mah ku Kasdah. Sarua jeung kuring hayang nuluykeun sakola. Ngan milikna hanteu saalus kuring. Tapi, duka nya, suganka hareup aya réréncangan Pa Hidayat anu butuheun tanaga purah sagawé-gawé di imah, hég kersa nyakolakeun.
Sabenerna réa kénéh nu hayang dicaritakeun téh. Ngan ieu leungeunna geus capéeun. Ka hareup urang disambung deui.
Balesan nya, Tih. Salam ka saréréa. Urang silihdungakeun, masing galedé milik. Amin!

Bandung, 15 Oktober 2009
Kuring nu teu weléh sono,

(Mimin Karmini)

Pangajaran 7 Sajak

Apip Mustopa
DO’A

(Haturan Pa Oto Iskandar Di Nata)

Jungunan
Pangnagkeupkeun éta nyawa
Nu indit taya nu nanya
Taya tapakna di dunya

Angin
Pangusikeun sapangeusi buana
Yén aya sinatria nu perlaya
Di wewengkon langit sunda

Bulan
Baturan éta nyawa nu ditundung
Di tempat baktina taya nu daék ngajungjung

He panopoé
Geura awurkeun panas nu ngaduruk sagala
Sangkan ieu dada
Sakumna nyawa sunda
Nyaho boga pahlawan digjaya

(Dicutat tina Saratus Sajak Sunda)

Saurang nu Mairan

  1. makasih nih,, artikelnya membantu banget buat belajar bahasa sunda

Kantunkeun Balesan