Bahan Ujian Semester Kelas X
December 8th, 2009
1 comment
Pangajaran 1 Biantara
NGARONJATKEUN KAREUUS NONOMAN KANA BASA SUNDA
Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin anu sami-sami linggih,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana. Read more…
Pairan