Kamus Basa Sunda Indonesia dina HP
Dina terékah pikeun diajar salah sahiji basa, tangtuna urang merlukeun panduan pikeun mahan kecap per kecapna tina basa nu keur dijadikeun obyek pangajaran. Tah salah sahiji anu ku urang perlu dipiboga téh nyaéta kamus. Lamun keur diajar basa Sunda mah tangtu urang merlukeun kamus Sunda-Indonesia atawa Indonesia-Sunda. Kumaha tah pikeun miboga kamus éta, meuli ka toko buku? atawa nginjeum ka perpustakaan? Lamun meuli kamus anu wujud na buku mah meureun riweuh kudu mamawa nyak? Bener teu?
Nyak memang salah sahiji kalemahan lamun urang Diajar Basa Sunda téh urang males ningali kamus, sabab nya kitu téa kamus téh biasana mangrupa buku anu cukup kandel nepi ka ijid mamawa kamus téh. Tah tapi apan ieu mah jaman nu canggih, kamus téh henteu ngan dina wujud buku waé tapi aya ogé kamus dina wujud nu lian, saperti kamus elektronik anu bisa diinstal dina HP. Lamun ngagunakeun kamus ieu mah urang téh teu kudu ridu mamawa buku deui, tapi tinggal muka aplikasina tuluy ngetikeun kecap anu hartina haying dipikanyaho.
Tah ieu di handap conto gambar kamusna anu geus diinstal dia HP. Sok atuh ku anjeun geura instal dina HP. Carana klik link downloadna.

Salam kenal pak guru,
ada satu lagi terjemah bahasa sunda online http://tarjamah sabilulungan.org
web itu juga dapat menerjemahkan web dari bahasa Indonesia ke basa Sunda.
Contohnya ada di http://www.jupri.co.tv , klik blogrol ‘Basa Sunda’
maaf http://tarjamah.sabilulungan.org
Hatur Nuhun kana info ngenaan basa Sunda, oge sim kuring katarik kana kamus basa Sunda – Indonesia dina HP, namung kumaha nyah cara nginstallna? Hatur nuhun
@ntis
ntis, eta kudu di copy ka memory handphone trus di open, kitu