Home > Kelas XI > Bahan Pikeun Ujian Semester Kelas XI

Bahan Pikeun Ujian Semester Kelas XI

Bahan Pikeun Ujian Semester Kelas XI

  1. Lagu kawih/tembang/pupuh
  2. Lagu nu diujikeun anjeun, bubuy bulan, mojang priangan, peuyeum bandung.

    Mojang Priangan

    Angkat ngagandeuang

    Bangun taya karingrang

    Nganggo sinjang dilamban

    Mojang Priyangan.

    Pergi melangkah

    Seperti tidak ada keraguan

    Memakai kain

    Mojang priyangan


    Umat imut lucu

    Sura seuri nyari

    Larak-lirik keupat

    Mojang Priangan.

    Tersenyum lucu

    Tertawa

    Larak lirik

    Mojang priangan


    Diraksukan kabaya

    Nambihan cahayana

    Dangdosan sederhana

    Mojang Priyangan…..

    Berpakaian kebaya

    Menambah cahayanya

    Dandanan sederhana

    Mojang Priyangan


    Mojang anu donto

    Matak sono nu nempo

    Mun tepung sono ka …

    Mojang Priyangan.

    Gadis yang seksi

    Membuat kangen yang melihat

    Jika bertemu kangen dengan …

    Mojang priyangan

    Gareulis maranis

    Disinjang lalenjang

    Éstu surup nu nempo

    Mojang Priyangan … mojang priyangan …

    Mojang Priyangaaaann….

    Cantik manis

    Berkain dan tinggi langsing

    Sangat menarik perhatian yang melihat

    Mojang priangan mojang priangan


    Bubuy Bulan

    Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang

    Panon poe panon poe di sasate

    Unggal bulan unggal bulan abdi teang

    Unggal poe unggal poe oge hade

    bubuy bulan sangrai bintang

    matahari matahari disate

    setiap bulan setiap bulan saya jemput

    setiap hari setiap hari juga baik


    Situ Ciburuy laukna hese dipancing

    Nyeredet hate ningali Ngeplak caina

    Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing

    Nyeredet hate ningali sorot socana

    situ ciburuy ikannya susah dipancing

    menggetarkan hati melihat luas airnya

    duh itu siapa yang lewat tiap pagi

    menggetarkan hati melihat sorot matanya


    Anjeun


    Perempuan

    Teu aya deui, nu mikacinta iwal anjeun

    Teu aya deui, nu mikamelang iwal anjeun

    Pangnyaahna sadunnya, pangbageurna sadunnya

    Iwal anjeun

    tak ada lagi yang dicintai kecuali kamu

    tak ada lagi yang perhatian kecuali kamu

    paling sayang sedunia, paling baik sedunia

    hanya kamu


    Anu heman tur daria, anu jangji satia

    Ngan ukur anjeun

    yang sayang dengan benar-benar, yang janji setia

    hanya kamu


    Duh aduh aduh aduh

    Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun

    Duh aduh-aduh aduh

    Hate reugreug aya sagigireun anjeun

    duh aduh aduh aduh

    hati bahagia bisa bertemu dengan kamu

    duh aduh aduh aduh

    hati tenang ada di samping kamu


    Ngan saeutik hanjakalna

    Lamun tepang osok ngajak rurusuhan

    Dasar kudu kanyahoan horeng anjeun geus rimbitan

    hanya sedikit yang disesalkan

    jika bertemu suka mengajak buru-buru

    dasar harus ketahuan ternyata kamu sudah beristri


    Laki-laki

    Teu aya deui nu mikamelang iwal anjeun

    Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun

    Inggis beunang ku batur

    Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun

    tak ada lagi yang terimpikan kecuali kamu

    takut dapat oleh orang lain

    takut mencintai orang lain, hanya kamu


    Unggal peuting babacaan

    Mapatkeun pelet asihan

    Husus keur anjeun

    Duh aduh aduh aduh

    Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun

    Setiap malam membaca

    mengucapkan pelet jampi-jampi supaya disenangi

    hanya untuk kamu

    duh aduh aduh aduh


    Duh aduh aduh aduh

    Hayang deukeut, hayang geugeut

    Ngan jeung anjeun

    duh aduh aduh aduh

    ingin dekat ingin ingin cinta

    hanya dengan kamu


    Dasar kudu kanyahoan

    Ngirim surat salah ngasupkeun eusina

    Gurat sial jeung cilaka

    Putus ka ditu ka dieu

    dasar harus ketahuan

    mengirim surat salah memasukan isinya

    dasar sial dan celaka

    putus ke sana ke sini


    Peuyeum Bandung

    Dimana mana di kampung di kota

    Tos kakoncara ku nikmat rasana

    Sampeu asalna teu direka-reka

    Naon namina duh matak kabita

    dimana-mana di kampung dan di kota

    sudah terkenal oleh nikmat rasanya

    sampeu asalna teu direka-reka

    apa namanya duh membuat tergoda


    Peuyeum bandung kamashur

    Pangaosna teu luhur

    Ku sadaya kagaleuh

    Sepuh jeung murangkalih

    peuyeum bandung terkenal

    harganya tidak tinggi

    oleh semua terjangkau

    orang tua dan anak-anak


    Mangga cobian bilih panasaran

    Peuyeum ti bandung henteu sambarangan

    silakan dicoba jikalau penasaran

    peuyeum dari bandung tidak sembarangan


    Tambahan Lagu, Tidak Diulangankan

  3. Mingpin acara rapat.
  4. Mingpin Rapat

    Aya sababaraha hal anu perlu diperhatikeun upama urang rék mingpin rapat, supaya lumangsung kalayan lancar, di antarana:
    1. Catat materi nu bakal dirapatkeun.
    2. Siapkeun notulén, nya éta tukang nuliskeun hal-hal nu penting dina rapat. Utamana hasil rapat.
    3. Usahakeun rapat dimimitian saluyu jeung waktu nu geus ditangtukeun.
    4. Sanggeus saréréa karumpul, langsung buka:
    - Ngucapkeun salam
    - Ngahaturkeun nuhun kana kadatangan hadirin
    - Sebutkeun mareri pasualan nu rék dirapatkeun
    - Sebutkeun tata-tertib rapat.
    5. Dina waktuna méré kasempetan ka hadirin nyarita, kudu diwatesanan, boh waktuna, boh jumlahna. Lain ti éta kudu teges deuih.
    6. Upama aya pananya, jawabna ulah ngayayay, tapi sing tandes jeung ringkes.
    7. Upama geus meunang kacindekan, gancang tutup. Ulah poho ngahaturkeun nuhun ka hadirin.

    Rapat Rencana Piknik Akhir Taun Kelas XI
    Materi : Tempat Tujuan
    Waragad

    Pembukaan rapat
    Assalamualaikum Wr Wb
    Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puja sareng puji ka Gusti Alloh. Margi ku kersa Mantena urang sadaya tiasa ngumpul ngariung, di ieu tempat, kalayan dipaparin kaséhatan.
    Timpah hatur nuhun ka sadayana, Ibu wali kelas sareng rerencangan sadaya kana kasumpinganana. Salajengna supados teu nyangkolong kana waktos, saéna rapat urang kawitan.
    Réréncangan nu sami hadir, urang téh tos terang yén dina akhir taun ieu urang salaku kelas XI bakal papisah deui ku lantaran kelas XI nu naek ka kelas XII bakal dirobah deui susunan murid-muridna. Ku sabab kitu, dina raraga perpisahan ieu teu aya salahna lamun urang sakelas ngayakeun piknik ka tempat wisata. Tah gunana rapat ieu téh pikeun ngabahas pamaksadan piknik éta. Nya nu utamanamah ngabadamikeun masalah tempat jeung waragad.

    Di dieu sim kuring ngawakilan panitia ngasongkeun sababaraha tempat nu sakintena bisa dijadikeun tempat tujuan wisata, di antarana : anyer (Banten), cibodas (Cianjur), lembang (Bandung), Pangandaran (Ciamis), Pelabuan ratu (Sukabumi). Tah tina lima tempat téh dua diantarana nyaéta di sabudeureun gunung, jeung tilu diantarana nyaéta si sabudeureun basisir. Namung éta nembé usulan ti panitia, upami aya usulan tempat sanés mangga ké di dugikeun dina bagian tanya jawab.
    Masalah nu salajengna ngeunaan masalah waragad, numuntkeun pangalaman waraga nu diperlukeun pikeun piknik salami sadinten sawengi téh nyaeta Rp. 700.000/jalmi. Eta tos kalebet ongkos, tuang, sareng akomodasi. Tah sakintenamah warag éta oge disaluyukeun sareng tempat anu bakal urang tuju. Tah upami tampat anu dituju parantos sapuk, urang oge kira-kirana tiasa nangtukeun kinten-kinten waragad aku diperyogikeun. Teu kudu matok sakitu sabab ieu nembe rapat awal, tiasa waé éta waragad téh robah. Namung dia waktos ayeuna kedah ditangkukeun rarancangna.

    Tah rencana kagiatan parantos didugikeun ku sadérék …. Salaku ketua panitia. Ayeuna pribados salaku moderator masihan kasempetan ka para hadirin pikeun ngajukan patarosan atanapi ngajukeun pamadegan ngeunaan rencana kagiatan anu ku bakal dilakukeun ieu. Sajabi ti éta sim kuring dina bagian ieu masihan kasempetan pikeun 3 urang panaros, pami waktos kinten-kinten masih cekap bakal ditambih kana bagian 2 pikeun 3 orang panaros deui.

    Alhamdulilah…. Sapertos anu nembé diaoskeun ku Notulén, rapat parantos ngahasilkeun sababaraha putusan. Mugi-mugi dina waktosna tiasa dilaksanakeun kalayan lancer. Teu hilap sim kuring ngahaturkeun nuhun kana kahadiran réréncangan sadaya dina rapat ieu. Kirang langkungna salami sim kuring mingpin rapat, aya cariosan anu teu matak nyelekit kana ati atanapi anu matak tugenah manah, hapunten anu kasuhun. Salejengna rapat urang pungkas ku sasarengan maca hamdalah, Alhamdulillah…

  5. Maca Pedaran
  6. Adat Istiadat Dina Ngalamar

    Prah dimana-mana, atawa biasa kapanggih. Kaasup di luar nagri. Saméméh lalaki jeung awéwé resmi dikawinkeun, sok dimimitian heula ku acara ngalamar. Ngan carana anu teu sarua atawa béda-béda téh. Cara ngalamar urang Amérika, pasti beda jeung Indonesia. Nya kitu deui antara urang Jawa Tengah atawa Jawa Timur jeung urang Sunda.
    Urang Sunda ogé gumantung kana waktu jeung tempatna. Cara ngalamar jaman baheula jeung ayeuna,pasti henteu sarua. Nya kitu deui cara ngalamar orang Cianjur jeung urang Banten, éta ogé moal sarua deui.
    Ngalamar jaman ayeuna leuwih gampang jeung sederhana. Béda jeung jaman baheula, loba pisan cara jeung aturanana.
    Jaman beheula mah, antara si lalaki anu ngalamar, jeung si awéwé nu rék dilamar téh, tacan tangtu wawuh. Ari ayeuna mah apan, umumna lain waé geus wawuh, tapi geus jadi bébéné (kabogoh). Jadi nu disebut ngalamar téh, ukur formalitas atawa nanya resmi, siap henteuna si awéwé diajak kawin.
    Atuh jawabanana ogé, moal aya nolak. Langsung satuju, malah sakalian nangtungkeun waktuna. Ari sababna lain ti padawawuh, biasana sarua bogohna.
    Tah ngalamar jaman baheula mah can tangtu kitu. Teu unggal ngalamar pasti ditarima. Bisa waé awéwéna nolak, boh lantaran boh teu bogoh, boh lantaran geus kapiuhan ku nu séjén. Ngan dina nolakna tara togmol nyebut embung. Upamana langsung ngajawab, “ Punten pun anakna henteu bogheun” Atawa, “Punten parantos aya nu gaduh”.
    Tapi diusahakeun sangkan dina nolakna, henteu matak nyerieun hate pihak nu ditolak. Contona, “Nya éta pun anak téh, teu acan aya niat rarabi. Ma’lum kénéh masih bau jaringao.” Padahal nemp umurna, geus meujeuhna dikawinkeun. Ngan ku sabab awéwéna teu bogoh atawa kolotna teu satuju, lamaranana kapaksa ditolak.
    Lamun haying leuwih jentré awéwéna teu bogoheun, carana nolak bisa ku cara mapandékeun kana manuk. Biasana manuk titiram. “Nya éta gaduh manuk téh titiran emas, sakurungna kedah sareng titiran emas deui.” Maksudna anak kuring téh teu bogoheun. Bisa jadi lantaran anu ngalamarna kurang kasep.
    Baheula mah sual jodo téh kacida apikna. Méméh ngalamar jeung narima lamaran, kudu puguh heula, anak saha, beunghar atawa hentau. Boga pangkat atawa ukur jelema biasa. Tegesna, ditaliti heula kaayaan kulawargana, bisi hentu sarua atawa henteu saimbang.
    Ari sabab harita mah, anak ménak kudu jeung anak ménak deui. Nu beunghar kudu jeung nu beunghar deui. Nya kitu deui jeneng, jodona wajib ka nu jeneng deui.
    Kumaha carana supaya apal? Biasana rerencepan dipaluruh. Mun teu kitu, ku cara malibir téa. Utamana lamun tacan waauh.
    Di Cianjur baheula, aya kabiasaan kieu: titaha si lalaki, ngahaja nyémah ka kulawarga awéwé. Sanggeus disuguhan, si Pribumi sok buru-buru nanya:
    “Geuning aya pikeresaun naon, asa raraeuwas teuing?” cék pribumi.
    “Nya éta gaduh manuk, mung teu acan gaduh kurungna,”
    “Kagungan manuk naon kitu?”
    “Titiran emas”
    “Euleuh atuh kurung na ogé kedah kurung nu saé. Kaleresan gaduh hiji, hég teu acan aya manukan.”
    Tina obrolan diluhur kanyahoan wéh, boh lalakina boh awéwéna sarua turunan ménak. Béda deui upama si sémah nyebutkeun manuk piit atawa ukur cangkurileung. Nya kitu deui upama pribumi ukur nyebutkeun aya kurung biasa, hartina turunan jelema biasa.
    Cara séjenna dina nyuguhan. Upama pribumi hayang némbongkeun, yén manéhna kulawarga ménak, wadah suguhna sok ngagunakeun bahan poslén. Utamana pisin jeung cangkirna. Engkéna saméméh ki sémah ngasaan susuguh pribumi, sok nanya kieu:
    “Euleuh ieu cacangkir aya ku saé aya ku saé, moal lepat deui bahanna tina poslén,” maksudna nanyakeun naha enya pribumi téh kulawarga ménak?
    “Leres poslén asli wedalan Cina,” maksudna bener malah ménak bolongkotan. Lain ngan ukur tuturunan, atawa boga gelar radén paméré pédah aku buyutna kungssi digawaé di karaton.
    Dijawab deui ku ki sémah, “Kaleresan, di rorompok ogé gaduh hég sami heug mani sami pisan,” maksudna sarua manéhna ogé kulawarga ménak asli.
    Eta anu dicaritakeun di luhur, kakara ngalar tahapan kahiji. Upama kira-kita sarua satuju, isuk pageto kira-kira bakal datang deui, resmi ngalamar. Tahapan ka dinya disebutna neundeun omong. Duanana kakara satuju. Tapi, boh pihak awéwé, boh pihak lalaki , acan katingali ku jangji nanaon. Ku kituna teu menunang masing rék ngabatalkeun ogé.
    Naon sababna disebut neundeun omong? Sabab pihak lalaki tacan méré nanaon. Mung barangbeuli téa mah acan méré tanda pangjadi.

  7. Maca laporan jurnalistik perjalanan (lalampahan)
  8. Ngaliput Piala Dunya di Jérman
    Aya dua welas kota nu jadi pribumi Piala Dunia 2006 di Jérman téh. Hiji-hijina nya éta hamburg, Hanover, Gélsénkirchen, Dortmund, Bérlin, Léipzig, Koéln, Frankurt, Kaiserlautern, Stuttgart, Nuerenbérg, jeung Munchen. Ari munchén téh puseur nagara Jérman.
    Sajero sabulan leuwih, kudu siap pipindahan, ti hiji kota ka kota séjénna. Ti hiji stadion ka stadion séjenna. Utung saméméh jung loba tatanya ka ditu ka dieu. Pangpangna kanu lila kungsi di Jerman. Lian ti éta, rajin macaan brosur nu dikaluarkeun ku panitia.
    Puguh deui ari mukaan internét mah. Sirikna téh unggal usik, saban aya waktu kosong tina pagawéan. Ku sabab can pati lila jadi wartawan, can pati réa nagara nu kaanjangan. Ka éropa téh kakara ka Inggris, Spanyol, jeung Itali. Kabéh dina raraga ngaliput maén bal.
    Pitilupoéenun deui kana derna kajuaraan, kuring geus aya di Jerman. Ti Jakarta tumpak Garuda. Henteu bisa langsung ka Jerman. Tapi nyimpang heula ka Walanda. Ti dinya ganti kapal. Cunduk ka Kota Munchen, gabung jeung wartawan Indonésia Séjenna.
    Nungguan prungna kajuaraan, henteu bisa ulin sangeunahna. Puguh waé upama ngagugu haté mah, hayang ka ditu, hayang ka dieu. Tapi rék ninggalkeun téh komo lila-lila teuing mah melang. Sabab mawa alat-alat gawé. Di antarana laptop, kaméra, jeung rupa-rupa lénsa. Sieun sabot kuring indit-initan, aya jelema jahat asup kana jero fan camp. Ari kudu dibabawa jaba rébo téh, beurat deuih.
    Fan camp téh sarua jeung kémah. Ngan eusina leuwih lengkep. Aya dapur, kamar mandi, lian ti tempat saré téh. Di unggal kota tempat kajuaraan lumangsung, sok aya fan camp. Saré di fan camp jauh leuwih murah batan di hotél. Upama séwa hotél pangmurahna, antara sajuta nepi ka dua juta satengah sapoé, di fan camp mah, cukup saparapatna. Matak kacida larisna.
    Bobotoh ti mana-mama, lolobana marilih saré di fan camp. Sabab kajeun daratang ti nagara-nagara maju, henteu kabéh jalma baleunghar. Sabalikna orang Indonesia, kajeun nagara miskin, loba nu ngontrak hotél béntang lima. Mangkaning taripna téh aya nu lima juta sapeuting .
    Sakali mangsa kuring kudu ngaliput pertandingan Inggris jeung Swedia. Tempatna di Fifa World Cup Stadium Cologne, Kota Koeln. Urang Jerman mah nyarebutna: Stadion Mungersdorfer atawa Rhéin Énérgi Stadion. Gedéna cukup keur 46.120 urang nu lalajo. Kira-kira sarua jeung Stadion Jalak Harupat, Kabupatén Bandung.
    Siga kumaha alusna éta stadion, hésé dicaritakeunana. Jukutna bangun empuk, héjo rata kawas buludru. Luhurna bisa ditutup jeung dibuka. Keur ngalusan éta studio, pamaréntah satempat méakkeun waragad Rp.165 milyar leuwih. Ngalusan wungkul éta téh lain nyieun.
    Sapaerti biasa sadatangna ka Kota Koéln, nu pangheulana ditéangan téh tempat pamondokan murah. Cilakana, sakali ieu mah, geus teu bisa ngamanfaatkeun fan camp. Sabab geus beak ku pata bobotoh Inggris jeung Swédia.
    Iwal bobotoh pribumi, bobotoh Inggris téh jumlahna pangréana. Persis kawas bobotoh Pérsib lamun kasawelasan kadeudeuhna maén di Senayan. Keur ngabédakeunana gampang pisan. Lian ti kaos nu dipakéna, kalakuanana ogé béda.
    Biasana téh ngagombongan jeung salangar. Di urang mah, kira-kira sarua jeung bonék, bobotoh Persebaya. Bonék téh “bondo nékat”, indit ti imahna, ukur modal nékad. Tangtu baé bobotoh Inggris mah marekel duit cukup.
    “Haben Sie éin Zimmer frei?” cék kuring méh-méhan putus asa, ka patugas hostel (losmen). Aya kénéh kamar kosong?
    Naha atuh lain buru-buru ngajawab, kalah malik nanya, “Anjeun urang Jepang? Kuring milu sedih waktu tim anjeun éleh ku Ustrali,” Cenah.
    “Kuring mah lain urang jepang tapi orang Indonesia!.”
    “Urang Indonésia? Rék naon jauh-jauh ka dieu? Apan tim anjeun mah teu milu kajuaraan?”
    “Kuring wartawan. Naha teu meunang wartawan Indonésia Ngaliput piala dunya? Témbal kuring keuheul.
    Duka lantaran nénjo beungeut kuring siga nu nyaan ambekna, manéhna buru-buru ménta dihampura. Teu poho ngabéjakeun, teu jauh ti losménna, aya apartemen nu rék diséwakeun . Perenahna di Hélénenwall Strasse.
    Nu bogana hiji pangsiunan, ngaranna Guéther Poéperl. Umurna ampir 70 taun. Taripna 39 Euro sapeuting. Kira-kira Rp 500.000. Keur ukuran di Jerman mah, katitih murah pisan. Kabeneranana téh deuih, Si Opa Poeperl téh kacida bageurna . Atuh urut cape kukurilingan néangan pamondokan téh, ahirna asa kaubaran.

    Kamus Alit

    Dua Welas = dua belas
    Puseur = pusat
    Saméméh = saacan
    Lian = selain
    Pagawéan = pekerjaan
    Kaanjangan = didatangi
    Kabéh = semua
    Raraga = dalam rangka
    Puguh = pasti/jelas
    Pitilupoéeun = tiga hari sebelum
    Lalajo = nongton
    Tumpak = naik
    Sangeunahna = seénaknya
    Melang = khawatir
    Saparatapatna = setengahnya
    Mangkaning = bahkan
    Mangsa = waktu
    Alus = bagus
    Hejo = hijau
    Unggal = setiap
    Hésé = sulit
    Waraga = biaya
    Ngalusan = merenovasi
    Katitih =terhitung
    Bageur = baik
    Lumangsug = berlangsung
    Saban = Setiap
    Beunghar = kaya
    Pangheulana = paling dahulu
    Mekel = membawa bekal


    Rarangkén Tengah -ar-

    Tangtu baé bobotoh nggris mah marekel duit cukup
    Kecap marekel asal kecapna tina mekel (bekel) + rarangkén tengah -ar-
    Bekel = bekal
    Bekel + N- = Mekel (Membawa bekal)
    Mekel + -ar- = Marekel = (Membawa bekal)

    Bedana lamun mekel itu pikeun subjek tunggal. Sedengkeun marekel untuk subjek jamak. Perhatikeun conto di handap.
    Conto: Abdi mekel sangu ka sakola.
    Saya membawa nasi ke sekolah.
    Barudak mekel sangu ka sakola.
    Saya membawa nasi ke sekolah.

    Conto lain : indit – arindit dahar – dalahar diuk – dariuk jst

  9. Nepikeun Bewara
  10. Bewara

    Béwara pikeun para siswa-siswi SMA Negeri 2 Depok, mimiti seméster kadua, kagiatan ékstrakurikulér di sakola bakal nambahan. Lian ti kagiatan olahraga jeung kasenian, aya deui nya éta latihan jurnalistik jeung diskusi.
    Latihan jurnalistik diaksanakeun saminggu dua kali. Waktuna Senén jeung Kemis. Masing-masing dua jam. Tabuh 08.00 nepi ka 10.00 WIB, pikeun siswa-siswa kelas X. Tabuh 14.30 nepi ka 16.30 WIB, keur siswa-siswi kelas XI jeung XII.
    Matéri latihan di antarana:
    1. Élmu dasar jurnalistik
    2. Tiori jeung prakték nulis berita
    3. Ngarancang penerbitan majalah dingding.
    Para pangajar lian ti wartawan senior, dosén ti Jurusan Komunikasi Fikom Unpad. Jumlah pamilon diwatesan tilu rombongan. Sarombonganana jumlahna paling saeutik 10 urang, paling réa 15 urang.
    Latihan diskusi sarua dilaksanakeun saminggu dua kali, Salasa jeung Jumaah. Masing-masing tabuh 09.00 nepi ka 11.00 WIB, pikeun kelas X. Tabuh 14.00 nepi ka 16.00 WIB pikeun kelas XI jeung XII.
    Para pangajarna para ahli dina widang masing-masing; ahli politik, ékonomi, jeung budaya. Jumlah pamilon diwatesan opat grup. Sagrupna paling saeutik 20 urang, paling loba 25 urang.
    Boh latihan jurnalistik, boh latihan diskusi, henteu kudu mayar (gratis). Sakur nu rék milu, buru-buru daptar, paling elat tanggal 31 Séptémber 2006
    Upama masih kénéh kurang jelas, engké sabada diketik ku sékretaris, bakal ditempélkeun dina papan pangunguman. Tiasa ditingali ku sadérék.

    Hatur nuhun.

  11. Maca wacana Biografi
  12. Ayip Rosidi (éjahan asli Ajip Rosidi, lahir di Jatiwangi, 31 Januari 1938) téh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyipta karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonésia ka mancanagara.

    Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonésia atawa dina basa Sunda ti rumaja kénéh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah Suluh Pelajar (1953-1955), sarta satuluyna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pers, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancagé nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung kabudayaan Indonesia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun ngajar ogé di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku (1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancagé ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, mémoar, jeung biografi.

  13. Ngawawancara Tokoh
  14. Punten tiasa nuhunkeun waktos sakedap?
    Maaf bias meminta waktu sebentar?

    Owh muhun aya naon kitu?
    Owh ia ada apa?

    Ieu aya sababaraha patarosan anu bade ditaroskeun ku sim kuring.
    Ini ada beberapa pertanyaan yang akan ditanyakan oleh saya.

    Owh mangga bade naros naon baé kitu?
    Owh ia, mau bertanya apa

    Dupi nami bapa téh saha?
    Nama bapak siapa?

    Nami abdi téh Asép
    Nama saya Asep

    Bapa linggih dimana?
    Bapak tinggal di mana?

    Abdi linggih di Jl Merdeka Depok
    Saya tingal di Jl Merdeka Depok

    Tos sabaraha lami bapa damel janten guru?
    Sudah berapa lama bapak bekerja sebagai guru?

    Nembe kirang langkung satahun jang.
    Baru kurang lebih setahun

    Bapak téh ngawulang pelajaran naon ?
    Bapak mengajar pelajaran apa?

    Owh, abdi ngawulang pelajaran basa sunda.
    Owh, saya mengajar pelajaran bahasa Sunda.

    Kumaha pak gampil teu ngawulang pelajaran basa Sunda di Depok?
    Bagaimana Pak, gampang apa tidak mengajar pejajaran basa Sunda di Depok?

    Nya terus terang waé rada sesah jang, sabab murid-muridna mayoritas sanes orang sunda.
    Ya terus terang saja agak sulit sebab murid-murid kebanyakan bukan orang sunda.

    Wah, muhun sigana rada sesah atuh ari kitu mah pa, kumaha atuh tarékah bapa ngajar basa Sunda sangkan murid-muridna tiasa?
    Wah iah sepertinya agak sulit kalau begitu Pak, lalu bagaimana usaha bapak mengajar basa sunda agar murid-muridnya bias?

    Nya satiasa-tiasa abdi ngajarkeun henteu nu sesah-sesah, da apan asa pamohalan lamun murid bisa Lancar Basa Sunda dina waktu nu singket. Ngan paling ogé minimal basa Sunda téh bisa diwanohkeun.
    Ya sebisa-bisa saya mengajarkan tidak yang sulit-sulit, soalnya tidak mungkin murid bisa lancar bahasa sunda pada waktu yang singkat. Namun paling juga minimal bahasa Sunda itu bisa dipekenalkan.

    Pami kahoyong murid kana diajar basa sunda kumaha?
    Kalau kemauan murid terhadap pelajaran basa Sunda bagaimana?

    Pami kanggo murid-murid anu diajar ku sim kuring mah, alhamdulilah masih keneh aya kahoyong diajar basa Sunda, sanajan aya hiji dua anu nganggap pangajaran basa Sunda téh teu penting.
    Kalau murid-murid yang diajar oleh saya, alhamdulilah masih ada kemauan untuk belajar bahasa Sunda, walaupun ada satu dua yang menaganngap basa Sunda itu tidak penting.

    Tambahan :

    Rarangken Hareup N-

    Perhatikeun cutatan ieu di handap.

    Perhahatikan kutipan di bawah ini.

    Alat-alat olahraga jeung kasenian teu kudu ngadadak ngayakeun atawa meuli sabab geus sagala nyampak di sakola. Perkara waragad geus sadia di bendahara OSIS.

    Dina wacana di luhur aya kecap nu ditulis kandel, nyaeta:

    Pada wacana di atas ada kata yang dicetak tebal, yaitu:

    ngadadak asal kecap tina dadak + N- (nasal nga-)

    ngayakeun asal kecap tina aya + N- (nasal nga-) + -keun

    meuli asal kecapna tina beuli + N- (nasal m-)

    nyampak asal kecapna tina sampak + N (nasal ny-)

    Geura ilikan conto rarangken hareup N- (nasal) sejenna ieu di handap!

    Coba perhatikan contoh awalan N- (nasal) lainnya di bawah ini!

    n- + takol jadi nakol (memukul)

    nga- + adat jadi ngadat (kumat)

    nge- + cor jadi ngecor (mengecor)

    ny- + cebor jadi nyebor (menyiram)

    ng- + kumbah jadi ngumbah (mencuci)

    n- + tulis jadi nulis (menulis)

    m- + baca jadi maca (membaca)

    n- + tempo jadi nempo (melihat)

    m- + pulung jadi mulung (memungut)

Sumber : Pamager Basa XI, Wikipedia,

Categories: Kelas XI Tags:
  1. December 3rd, 2009 at 17:07 | #1

    Makasi ya pak asep…

  2. December 5th, 2009 at 07:02 | #2

    Pak,abdi keur diajar buat web anu extensionna (.com). Tolong diposting wae artikel cara buat web jeung cara buat templatena.

    Hatur nuhun pak.

  1. No trackbacks yet.