Salaku guru basa Sunda tangtuna waé urang merlukeun panduan anu mangrupa silabus jeung RPP nalika urang ngajar. Tah ku sabab kitu tangtuna waé urang kudu miboga silabus jeung RPP éta. Sabenerna lamun ngagunakeun google nalika néangan silabus jeung RPP basa sunda téh mangrupakeun hiji cara nu mujarab, lamun kecap konci anu ku urang diketikkeun marengan pas jeung artikel anu ku urang paluruh. Ngan ku sabab dina google teh aya web ngarébu atawa ngajuta, tah jadi urang téh sok loba kasasar. Bari jeung éta silabus jeung RPP téh jadina teu kapanggih. Read more…
Pancen wawancara nyaeta murid ditugaskeun pikeun ngawawancara saha wae jalmana anu bisa atawa ngagunakeun bahasa sunda. Pancen wawancara ieu dilakukeun henteu ku indipidu tapina per kelompok. Tiap kelompok wajib nyetorkeun bukti yen maranehna geus ngalakukeun tugas wawancara ku jalan nyerenkeun file rekamanana, bisa mangrupa vidio atawa bisa oge mangrupa file audio.
Tah di handap ieu aya sababaraha pancen anu geus rengse dserenkeun ka sim kuring. Read more…
Pangajaran 1 Biantara
NGARONJATKEUN KAREUUS NONOMAN KANA BASA SUNDA
Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin anu sami-sami linggih,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana. Read more…
Bahan Pikeun Ujian Semester Kelas XI
- Lagu kawih/tembang/pupuh
Lagu nu diujikeun anjeun, bubuy bulan, mojang priangan, peuyeum bandung.
Mojang Priangan
Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priyangan. Read more…
Dina terékah pikeun diajar salah sahiji basa, tangtuna urang merlukeun panduan pikeun mahan kecap per kecapna tina basa nu keur dijadikeun obyek pangajaran. Tah salah sahiji anu ku urang perlu dipiboga téh nyaéta kamus. Lamun keur diajar basa Sunda mah tangtu urang merlukeun kamus Sunda-Indonesia atawa Indonesia-Sunda. Kumaha tah pikeun miboga kamus éta, meuli ka toko buku? atawa nginjeum ka perpustakaan? Lamun meuli kamus anu wujud na buku mah meureun riweuh kudu mamawa nyak? Bener teu? Read more…
Pairan