Wawancara Dina Basa Sunda
Ieu di handap aya contoh tek wawancara, sok baca ku hidep nepi ka paham naon maksud tina wawancara téh.
Warna biru : Nu ngawawancara (murid)
Warna beureum : Nu diwawancara (guru)
Punten tiasa nuhunkeun waktos sakedap?
Maaf bisa meminta waktu sebentar?
Owh muhun aya naon kitu?
Owh ia ada apa?
Ieu aya sababaraha patarosan anu bade ditaroskeun ku sim kuring.
Ini ada beberapa pertanyaan yang akan ditanyakan oleh saya.
Owh mangga bade naros naon baé kitu?
Owh ia, mau bertanya apa
Dupi nami bapa téh saha?
Nama bapak siapa?
Nami abdi téh Asép
Nama saya Asep
Bapa linggih dimana?
Bapak tinggal di mana?
Abdi linggih di Jl Merdeka Depok
Saya tingal di Jl Merdeka Depok
Tos sabaraha lami bapa damel janten guru?
Sudah berapa lama bapak bekerja sebagai guru?
Nembe kirang langkung satahun jang.
Baru kurang lebih setahun
Bapak téh ngawulang pelajaran naon?
Bapak mengajar pelajaran apa?
Owh, abdi ngawulang pelajaran basa sunda.
Owh, saya mengajar pelajaran bahasa Sunda.
Kumaha pak gampil teu ngawulang pelajaran basa Sunda di Depok?
Bagaimana Pak, gampang apa tidak mengajar pejajaran basa Sunda di Depok?
Nya terus terang waé rada sesah jang, sabab murid-muridna mayoritas sanes orang sunda.
Ya terus terang saja agak sulit sebab murid-murid kebanyakan bukan orang sunda.
Wah, muhun sigana rada sesah atuh ari kitu mah pa, kumaha atuh tarékah bapa ngajar basa Sunda sangkan murid-muridna tiasa?
Wah iah sepertinya agak sulit kalau begitu Pak, lalu bagaimana usaha bapak mengajar basa sunda agar murid-muridnya bisa?
Nya satiasa-tiasa abdi ngajarkeun henteu nu sesah-sesah, da apan asa pamohalan lamun murid bisa Lancar Basa Sunda dina waktu nu singket. Ngan paling ogé minimal basa Sunda téh bias diwanohkeun.
Ya sebisa-bisa saya mengajarkan tidak yang sulit-sulit, soalnya tidak mungkin murid bisa lancar bahasa sunda pada waktu yang singkat. Tapi paling juga minimal bahasa Sunda itu bisadiperkenalkan.
Pami kahoyong murid kana diajar basa sunda kumaha?
Kalau kemauan murid terhadap pelajaran basa Sunda bagaimana?
Pami kanggo murid-murid anu diajar ku sim kuring mah, alhamdulilah masih keneh aya kahoyong diajar basa Sunda, sanajan aya hiji dua anu nganggap pangajaran basa Sunda téh teu penting.
Kalau murid-murid yang diajar oleh saya, alhamdulilah masih ada kemauan untuk belajar bahasa Sunda, walaupun ada satu dua yang menaganngap basa Sunda itu tidak penting.
hatur nuhun kana elmu na