Béwara, Pancén Kelas XI IS 3

Depok, 22 februari 2009

Kepada jeung terhormat
Bapa/emak/wali orangtua siswa
Kelas X, XI jeung XII
Di tempat

Assalamualaikum Wr.Wb
Sakumna puja jeung puji syukur urang panjatkeun kahadirat Allah SWT anu telah ngasihkeun urang berbagai nikmat. Shalawat sarta salam urang sampaikeun kapada Nabi hade Muhammad SAW, beserta kaluarga jeung sahabat anu insya Allah sampai kapada urang umatnya.
Pikeun ngabangun rasa kebersamaan terhadap sesame jeung ngabiasakeun berbagi. Urang osis SMAN 2 Depok, akan ngadakeun acara BERBAGI SESAMA. Acara tersebut insya Allah akan lumangsung dina:

Hari/tanggal: Sabtu, 28 Februari 2008
Tempat: SMAN 2 Depok
Keterangan: ngabawa sembako atawa pakaian bekas

Salačn čta, urang ogč nerima jeung nyalurkeun uang atawa bantuan ti bapa/emak/wali murid sekalian.
Demikian bewarea ieu urang sampaikeun. Hade harepan urang bapa/emak/wali murid pikeun ngabantu demi terlaksananya acara ieu.
Wassalamualaikum Wr.Wb

Dwi Anisa .F.
XI IS 3

Hatur uningga ka sadayana pangersa bapak miwah ibu para pangsiunan anu ngajengkeun karidit ka Bank JABAR dina sasih Agustus 2009, aya tawis asih tilam kanyaah ti Bank JABAR bantosan mang rupi artos kontan etang – etang kanggo ngiranggan kaabot biaya pendidikan putra atanapi putri ibu miwa bapa sakalian .

Migi janten uningga kalayan mugia sing mangfaat pinuh barokah ….. amien …..
Wassalamualaikum …..

Siti Sari

Assalamuallaikum Wr. Wb.

Di wartoskeun ka sadaya anggota J.Ko (Japan.Korean) Club kelas X jeung kelas XI bahwa poe ieu diayakeun rapat ngabahas Festival Budaya nu dilaksanakeun di ruang Multi Guna.
Waktosna saparantos bubar sakola.

Ka sadayana diharapkeun kahadiranna.
Haturnuhun

Adelia Gita Pratama
XI IS 3

FORUM Silaturahmi Majlis Ta’lim kaum Ibu Masjid Nurul Huda
Pikeun nu dipihormat,
Ibu-ibu pagajian Masjid Nurul Huda

Bismallahirohmanirrohim
Assalamu’alaikum Wr.Wb
Sagala Puji hanya milik Alloh SWT nu Maha Bener janji-Nya , nu nolong hamba-Nya . Samoga kasalamatan tetep kacurahken kanggo Junjungan urang , Nabi Muhammad SAW.
Jeung mihareup Ridho jeung Inayah-Nya dina rangka Pangajian rutin bulanan Majlis Ta’lim kaum Ibu Masjid Nurul Huda dina bulan ieu sakaligus digelarna Tawaquf bersama, maka kami salaku kapangurusan ngundang Ibu sakalian pada :

Poè / Tanggal : Sabtu , 28 Nopember 2009
Waktos : 09.30 – 12.00 wib
Tempat : Masjid Raya Nurul Huda – Villa Pertiwi
Acara : 1.Bubukaan
2.Maca Yaasin jeung Solawat
3.Maca ayat suci Al-Qur’an
4.Tausiyah Dra.Hj.Hapippah HZ
Samoga Alloh SWT ngaringankeun langkah Ibu-ibu pikeun hadir dina acara ieu .
Jazakillah khairan katssiirah .
Wallohu muwaffiq Ilaa aqwami Thoriq,
Wassalamualaikum Wr.Wb

Depok, 21 Nopember 2009

Fattimah Fetti
XI IS 3

Lima Pangarang Sunda Dilélér Anugerah Gupernur
Sakumaha nu kungsi diémbarakeun, Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK) gawé bareng jeung Pamaréntah Propinsi Jawa Barat baris ngalélér anugerah ka lima pangarang Sunda. Saha-sahana nu meunang anugerah, méméhna mah éstuning dibuni. Kakara diumumkeun téh peuting tadi, Juma’ah 9 Méi 2008, di gedong YPK Jl. Naripan No. 7 Bandung.
Dina panitén juri nu diwengku ku Wahyu Wibisana (sastrawan Sunda senior), Duduh Durahman (wakil pamingpin redaksi majalah Manglé) jeung Étti R.S. (pupuhu PP-SS), pangarang nu dilélér anugerah téh nyaéta nu nulis karya non-fiksi dina basa Sunda. Demi alesanana, pangarang fiksi mah geura réa lolongkrang pikeun meunang hadiah, saperti Hadiah Sastra Rancagé, LBSS, D.K. Ardiwinata, can rupaning saémbara nu mayeng diayakeun ku sawatara lembaga.

Lima pangarang nu dileler hadiah, ti kénca: Asep Rumimat, Duddy R.S., Hawé Setiawan, Mamat B. Sasmita, jeung T. Bachtiar
Juri netepkeun yén pangarang nu dilélér anugerah téh nyaéta:
1. Asép Ruhimat, sok nulis éséy dina Manglé, Cupumanik, Galura, Kudjang, jeung Koran Sunda. Asép remen ngabahas ngeunaan dunya atikan atawa ngiritik sawatara lembaga kasundaan. Lian ti éta, Asép gé dipikawanoh sok nulis buku-buku pangajaran.
2. Dudi R.S. Pangarang entragan ngora, kungsi jadi wartawan Majalah Manglé. Éséy-éséyna, sawatara taun ka tukang, mimindengan mah dimuat dina Manglé. Sawatara éséyna kungsi dilélér hadiah LBSS. Ayeuna Dudi R.S. jadi redaktur di koran Priangan.
3. Hawé Setiawan, pamingpin redaksi majalah Cupumanik. Mimitina nulis dina basa Sunda taun 1999, dimuat dina Manglé. Éséyna remen ngabahas sabudereun sastra Sunda, nepi ka sababaraha kali kapilih jadi juri hadiah sastra. Lian ti ngéséy, Hawé gé sok narjamahkeun carpon deungeun kana basa Sunda.
4. Mamat B. Sasmita, nulis dina basa Sunda mah tacan lila. Karanganana mindeng midang dina Manglé jeung Cupumanik. Mamat téh nu ngokolakeun Rumah Baca Buku Sunda téa, nu nyayagikeun rupa-rupa buku Sunda ti mangsa ka mangsa.
5. T. Bachtiar. Kolomnis kahot di majalah Manglé, ka dieunakeun remen nulis ngeunaan géografi jeung kaayaan alam di tatar Sunda. Karyana kungsi dilélér hadiah LBBS.
Pangarang nu dilélér anugerah narima piagam jeung duit ti gupernur nu gedéna Rp 5 juta.
Lian ti ngalélér anugerah ka pangarang, YPK gé medalkeun Kanagan 2, buku kumpulan carpon pinilih Manglé hadiah Uu Rukmana.

Nur Fanny
XI IS 3

Kiwari” Dilélér Muri

Dina Féstival Drama Basa Sunda X 2008, kungsi aya nyarita, sigana pantes mun Téater Sunda Kiwari (TSK) dilélér pangajén ku Museum Rékor Indonésia (MURI). Nepi danget ieu tacan nu ngayakeun féstival drama, komo dina basa daérah mah, nu lilana nepi ka 20 poé.
Basa FDBS geus lekasan, sawatara organisasi ngariung, di antarana Kelompok Diskusi Kota Bandung Kidul (KDKBK), Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS), Rumah Baca Buku Sunda, jeung Yayasan Percéka. Maksudna rék ngusulkeun sangkan TSK dilélér MURI.
Henteu nepi ka bubulanan, poé Juma’ah 25 April 2008, TSK diangkir ka Semarang. R. Dadi P. Danusubrata, ngawakilan TSK, narima pangajén ti MURI lantaran TSK geus ngayakeun féstival drama Sunda panglilana (20 poé). Malah cék Paulus Pangka mah, manajer MURI, éta téh bisa jadi rékor dunya deuih, lain ngan di Indonésia.
Ditilik tina katineungna kana drama Sunda, TSK mémang merenah narima éta pangajén. Geus papada terang, TSK babakti kana téater Sunda téh geus 33 taun, tur unggal 2 taun ngayakeun FDBS kalawan mayeng ti taun 1990. Lian ti anugerah MURI, taun ieu TSK dilélér Hadiah Sastra Rancagé deuih, ku jasa-jasana dina ngamekarkeun drama Sunda.
“TSK dilélér Muri téh saenyana mah jasa saréréa,” cék Kang Dadi. Pangna kitu, da niat TSK ngayakeun féstival drama taun ieu téh lain lantaran hayang dilélér MURI. Patandang, juri, panitia, média massa, jeung pihak séjénna, milu ngadeudeul nepi FDBS X 2008 lumangsung nepi ka 20 poé lilana.

Zulfi Prayogo
XI IPS-3

Depok,9 Nopémber 2009

Ka Guru, siswa/i
SMA Makmur
di tempat

Assalamualaikum wr.wb

Kami beritahukan kalawan hormat ka sakabéh tanaga pengajar, tanaga administrasi sarta murid SMA Makmur, yén upacara bendéra miéling:
POÉ KEBANGKITAN NASIONAL

Baris diayakeun dina:
Poé, tanggal : Rebo, 11 Nopémber 2009
Tabuh : 07.00 WIB
Tempat : Lapang sakola SMAN 2 DEPOK
Pakéan : 1. Guru, Tanaga Pengajar sarta Administrasi : PSH
2. Murid : Luhur bodas, handap dawuk
Patugas : PASKIBRA SMAN Makmur

Katerangan: harap hadir 15 menit saméméh upacara dimimitian

Kitu luhur perhatiannya ditepikeun hatur nuhun
Wassalamu’alaikum wr wb.

Wakasek Bid.Kesiswaan
SMAN Makmur,

Fadly Syahmi
XI IS 3

Nomer: 01 / Alindo-4 / B / XII / 2009 22 Nopémber 2009

Hal: Béja

Lampiran:

Ka, Saudara/I Anggota Lembar Soang

di

Tempat.

Assalamu’alaikum wr wb

Sahubungan kalawan baris dipedarna Buletin Lembar Soang edisi ka -iv, kami ti Tim Rédaksi ngondang sakumna warga nagara Indonésia anu berdomisili di Spanyol pikeun bisa berperan aktip menyumbangkan karyana dina wangun tulisan kalawan kriteria minangka katut:

1. Karya Tulis Ilmiah Ngeunaan Budaya Indonésia.

2. Carita panjang/ pondok/ bergambar/ lucu sarta anekdot.

3. Puisi, syair sarta pantun

4. Teka-teki sarta humor

Sedengkeun sarat-sarat penulisan anu kudu dipinuhan nyaéta minangka katut:

1. Kecap anu dipaké maksimal berjumlah 1000 kecap

2. Tulisan dina nomer 1, 2, sarta 3 kudu pituin karya sorangan (lain mangrupa kutipan ti tulisan batur).

3. Téma anu ditulis ngeunaan Budaya Indonésia

4. Tulisan kudu geus dikirim ka Tim Rédaksi sacara langsung atawa ngaliwatan e-mail . panglaunna tanggal 31 Désémber 2009 kalawan mencantumkan ngaran pepek sarta status pakasaban ti nu nulis/pengirim.

Kitu surat béja ieu kami sampaikan, muga, Buletin Soang édisi ka – IV bisa medal pas dina waktuna. Amiin.

Wassalamu’alaikum wr wb.

Sekretaris, Pupuhu Tim Rédaksi,

Fatimah
NB: Lembar Soang baris medal ahir bulan Januari

Danang Agung Nugroho
XI IS 3

Perkawis papasangan (jodo), eta kalebet salah sawios di antawis tilu rahasia Gusti Alloh kanggo manusa, anu sanesna nyaeta kalahiran sareng maot. Kumargi watekna “rasiah” tangtos henteu aya jalmi anu tiasa mastikeun, si anu jodona ka anu… sareng tangtos parantos aya papastenna, si anu jodona sareng si anu.. atanapi.. si anu diparengkeun henteu ngajodo…
Anu penting kanggo urang, pangpangna umat Islam:
1. Ngaguduhan niat kanggo rumah tangga, nya ngajodo tea, tapi niatna omat ulah lepat.. niat anu poko/utamana pisanmah nyaeta kanggo ibadah, kenging pisan ditambihan ku niat anu sanesna… supados aya anu ngeukeupan, cukang kanggo kenging turunan, anu ngawulaan masak-nyeuseuh, jrrd.
2. Ngagaduhan “waragad” kanggo ngabina rumah tangga. Utamina kanggo pameget anu baris nyepeng kapala rumah tangga wajib kanggo nyumponan nafkah. Oge kanggo istri.. peryogi pisan kamotekaran ngokolakeun rumah tangga…
3. Ihtiar.. dina raraga patepang sareng ngajalanan sareng jodo urang tea. Ihtiarna saenamah kedah komplit.. ihtiar batin (ngado’a ulah kendat, boh jinisna boh sepuh/walina) sareng ihtiar lahir… Upami wantun sareng aya jalan tiasa kunyalira…atanapi tiasa oge dijalanan ku anu sanes (ku sepuh/walina, ku rerencangan, ku media naon wae… Rupinamah aya mangjuta-juta jalan dina perkawis ihtiar ieu…
Memang kaseuseuran jalmi.. gaduh kahoyong ngengingkeun anu pang-sampurna-na. Upami eta anu dipalari… dijamin.. moal kantos tinekanan. Tapi.. upami anu dipilari teh, jinisna anu parantos ditakdirkeun janten papasangan urang, InsyaAlloh upamana urang ditakdirkeun gaduh pasangan, tangtos bakal tinemu.
Soal kurang leuwihna pasifatan anu aya di pasangan urang… etateh kaayaan anu kuurang kedah disikapi…ku sabar sareng syukur. Oge diri urang nyalira.. kedah sadar terutami kana kakurangan diri.. Dimana aya sifat leuwihna.. omat ulah jadi asa aing.. sing ajrih… Da istrimah ngahormatna ka caroge teh bakatku ihlas. Kitu deui caroge nyaahna ka istri oge bakatku ihlas. Ihlas paamprok jeung ihlas.. dihiasan ku sabar sinareng syukur…InsyaAlloh jadi kulawarga mawaddah-warahmah.
Hapunten bilih kapanjangan… sareng bilih aya anu kirang merenah…
Wassalamu’alaikum,

Ryan Fajar R
XI IS 3

Lomba Pasanggiri Maca Sajak Sunda jeung Presenter Sunda

Dina raraga miéling Poé Basa Indung Internasional nu ka 10 tanggal 21 Pébruari 2009, Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat gawé bareng Himpunan Mahasiswa Pendidikan jeung Sastra Sunda UPI sareng Banrung TV baris ngayakeun kagiatan Pasanggiri Maca Sajak Sunda jeung Présénter TV sa-Jawa Barat.
Katangtuanana :
1. Pamilon tiasa saha baé (umum).
2. Umur 18-25 taun.
3. Nalika daptar wajib masrahkeun fotocopy kartu idéntitas sareng ngeusian formulir.
4. Pendaptaran gratis.
5. Pamilon diwates, tiap cabang pasanggiri ngan 100 urang.
6. Para pinunjul baris minton dina acara Miéling Poé Basa Indung Internasional Povinsi Jawa Barat tanggal 21 Pébruari di Téater Tertutup Taman Budaya.
Pasanggiri Maca Sajak Sunda
Poé : Kemis
Ping : 19 Pébruari 2009
Tabuh : 07.30 – 15.30
Tempat : Gedung Balai Pertemuan Umum (BPU), Universitas Pendidikan Indonesia Jl. Dr. Setiabudi No. 299
Pendaptaran di buka ti ping 8-18 Pébruari 2009. Tempatna di Sekretariat HIMA Pendidikan Bahasa Daérah Gedung FPBS Lama UPI lt. 2, Jl. Dr Setiabudi No. 299 Bandung. Kanggo langkung jelas tiasa ngahubungi sadérék Wildan 085222799626 sareng Yatun 085223580004
Pasanggriri Presenter Sunda
Poé : Saptu-Ahad
Ping : 14-15 Pébruari 2009
Tabuh : 08.00
Tempat : Studio Bandung TV, Jl. Pacuan Kuda, Arcamanik, Ujung Berung Bandung.
Pendaptaran di buka ti ping 4-13 Pébruari 2009. Tempatna di Studio Bandung TV, Jl. Pacuan Kuda, Arcamanik, Ujung Berung Bandung. Kanggo langkung jelas tiasa ngahubungi sadérék Mugiana 081547541266 sareng Dian Hendrayan 0225655555

Ihsan fajri
Xi-is 3

ULU BIUNG BLOG WSAB.

Saha wae anu tiasa ulu biung kana blog wsab teh? nyeta:

1. Wanita sunda: yuswa minimum 16 tahun, lahir di sunda, pernah di sunda, nyarios sunda, nikah ka urang sunda, naon wee lah pokona mah asal aya pakaitna seng sunda
2. Nyarios Sunda dina blog boh sae atanapi awon atanapi campur
3. Gaduh link website: blog, homepage/website pribados, Friendster
4. Keresa ngaramekeun blog (tulisan kanggo postingan, tiasa Indonesia heula atanapi campur ngke diedit ku admin)
5. Ngintunkeun tulisan, propil sareng poto ukuran (panjang x lebar) 200×150 pixel, sareng nami link, kanggo ditampilkeun dina bagian Propil, dikintunkeun ka wsab2005@yahoo.com

Sagedengeun blog, wsab ngagaduhan milist anu namina:
wanita-sunda-antar-benua@yahoo.com

Milist wsab kedah:
1. Wanita sunda: yuswa minimum 16 tahun, lahir di sunda, pernah di sunda, nyarios sunda, nikah ka urang sunda, naon wee lah pokona mah asal aya pakaitna seng sunda
2. Direkomendasikeun ku anggota tipayun ka moderator dina milist, sapertos posting biasa.
3. Aturan salajengna diatur dina milist

Ryan Fajar
XI IS 3

Kantunkeun Balesan