Nepikeun Béwara (Pangumuman)


Conto bewara

Béwara pikeun para siswa-siswi SMA Negeri 2 Depok, mimiti seméster kadua, kagiatan ékstrakurikulér di sakola bakal nambahan. Lian ti kagiatan olahraga jeung kasenian, aya deui nya éta latihan jurnalistik jeung diskusi.

Latihan jurnalistik diaksanakeun saminggu dua kali. Waktuna Senén jeung Kemis. Masing-masing dua jam. Tabuh 08.00 nepi ka 10.00 WIB, pikeun siswa-siswa kelas X. Tabuh 14.30 nepi ka 16.30 WIB, keur siswa-siswi kelas XI jeung XII.

Matéri latihan di antarana:

  1. Élmu dasar jurnalistik
  2. Tiori jeung prakték nulis berita
  3. Ngarancang penerbitan majalah dingding.

Para pangajar lian ti wartawan senior, dosén ti Jurusan Komunikasi Fikom Unpad. Jumlah pamilon diwatesan tilu rombongan. Sarombonganana jumlahna paling saeutik 10 urang, paling réa 15 urang.

Latihan diskusi sarua dilaksanakeun saminggu dua kali, Salasa jeung Jumaah. Masing-masing tabuh 09.00 nepi ka 11.00 WIB, pikeun kelas X. Tabuh 14.00 nepi ka 16.00 WIB pikeun kelas XI jeung XII.

Para pangajarna para ahli dina widang masing-masing; ahli politik, ékonomi, jeung budaya. Jumlah pamilon diwatesan opat grup. Sagrupna paling saeutik 20 urang, paling loba 25 urang.

Boh latihan jurnalistik, boh latihan diskusi, henteu kudu mayar (gratis). Sakur nu rék milu, buru-buru daptar, paling elat tanggal 31 Séptémber 2006

Upama masih kénéh kurang jelas, engké sabada diketik ku sékretaris, bakal ditempélkeun dina papan pangunguman. Tiasa ditingali ku sadérék.

Hatur nuhun.

Dépok, 18 Séptémber 2008

Ketua OSIS SMAN 2 Depok

Euis

Kamus Alit

Béwara = pengumuman

Pikeun = untuk

Mimiti = mulai

Tabuh = pukul

Lian = selain

Pamilon = peserta

Buru-buru = cepat-cepat

Upama = jika

Sabada = setelah

Tiasa = bisa

Sadéreék = saudara

Hal-hal nu pinting nalika nepikeun biantara.

Sababaraha hal nu penting lamun urang rék nepikeun pangumuman/béwara.

  1. Kudu ngarti heula ngeunaan naon nu rék ditepikeun.
  2. Ka saha éta béwara ditujukeunana.
  3. Susun ngagunakeun basa nu dipikaharti ku balaréa.
  4. Gunakeun basa sopan.
  5. Kudu jelas jeung ringkes.
  6. Dina nepikeunana perhatikeun lafal, lentong, sora, jeung nada nyarita.

Singgetan jeung Wancahan

  1. Murid-murid nungguan béwara ti ketua OSIS.
  2. Para pangajarna dosén ti Fikom Unpad.

Osis téh singgetan tina “Organisasi Siswa Intra Sekolah”

Fikom téh wancahan tina “Fakultas Ilmu Komunikasi”.

Unpad mah wancahan tina “Universitas Padjadjaran.”

Singgetan téh nyaéta gabungan aksara mimiti anu ngawangun kecap. Sedengkeun wancahan nyaéta gabungan tina engang (suku kata) jeung engang, atawa engang jeung aksara mimiti kecapna.

Conto singgetan : OSIS, SMA, UPI, UNJ,

Conto wancahan : Fikom, Unpad dll

Conto Béwara Lianna
Béwara Libur Sakola

TAMAN KANAK-KANAK KUNTUM MEKAR
Jalan Caladi Kundang 18 Bandung

Diuningakeun ka sepuh-sepuh siswa, tumali sareng réngséna kagiatan diajar-ngajar samester kahiji, sakola diliburkeun salami dua minggu, ditambih sadinten peré taun ajaran baru 1 Juli 2009. Ku kituna sakola libur ti ngawitan dinten Senén, ping 17 Juni 2009, dugi ka Salasa, ping 2 Juli 2009.
Mugia parasepuh siswa uninga.
Bandung, 8 Juni 2009

Kepala Taman Kanak-kanak
Kuntum Mekar Bandung.

Dra. Tini Kartini

Kamus alit

Diuningakeun = diberitahukan
Sepuh = Orang tua
Tumali = berkenaan
Sareng = dengan
Réngséna = selesainya
Peré = libur
Ping/kaping = tanggal
Mugia = semoga
Uninga = tahu

Sumber : Pamager Basa

2 Balesan

  1. Bapa, materi bewarana teh ngan leutik..
    Aya deui materina bewara nu sejen teu ?
    Ulah bosen ngepost atuh pa jeung hapunteun barudak kelas XI lamun teu aya nu meuli buku pamager basa sabab ngan abdi wae nu meuli bukuna….
    Hahahahahhaha…..
    Hatur nuhun pa….

    @dave.com

Kantunkeun Balesan