Archive

Archive for July, 2009

Pertemuan Pertama (XI)

July 23rd, 2009 3 comments

A. Kecap dina Basa Sunda

  1. Kecap Asal
  2. Kecap asal : kecap dasar.
    Contona : udag, indit, meja, korsi

  3. Kecap Panganteb
  4. Kecap panganteb : kecap anu negeskeun kecap samemehna. Contona : teh, mah, tea.

  5. Kecap Panganteur
  6. Kecap panganteur : kecap anu nganteurkeun kecap sanggeusna.
    Conto : blug labuh, kuniang hudang.

  7. Kecap Rajekan
  8. Kecap rajekan : kecap anu dirajek.
    Contona : alap-alap, boro-boro, bulak-balik.

  9. Kecap Rundayan
  10. Kecap rundayan : kecap anu dirarangkénan.
    Contona : ngudag, nginditkeun,

B. Kalimah dina Basa Sunda

Kalimah dalam bahasa sunda minimal ngabogaan subyek jeung predikat.
Conto : kuring ceurik, manehna indit, budak teh lumpat
Numutkeun hubungan antarklausana, kalimah dina basa sunda bisa dibagi jadi dua, nyaeta kalimah majemuk setara jeung kalimah majemuk bertingkat.

Kalimah majemuk setara ngabogaan ciri:

  1. Klausana teu bisa ditukeurkeun.
  2. Klausana sadarajat
  3. Ngabogaan kecap panghubung saperti : tapi, tuluy, jeung, sarta

Conto kalimah majemuk setara:

  1. Manehna bangun sieun tapi rek lumpat teu bisaeun.
  2. Mang Dadan indit ka pasar tuluy muka kiosna.

Kalimah majemuk bertingkat ngabogaan ciri:

  1. Ngabogaan anak kalimah jeung indung kalimah
  2. Ngabogaan kecap panghubung saperti: ti mimiti, waktu, memeh, sanggeus, lamun, sanajan, saperti, lantaran, nepi ka, ku jalan, padahal, ku kituna, sabab, lantaran.

Conto kalimah majemuk bertingkat:

  1. Ti mimiti diajar, manehna ngabandungan saregep pisan.
  2. Waktu kuring datang, manehna teh geus balik.
  3. Sanggeus dalahar, murid-murid teh balik ka imahna sewang-sewangan.
  4. Kuring teu bisa datang ka sakola sabab gering.
Categories: Kelas XI Tags: